Satepina di hutan, purbararang manggihan adinya si purbasari. Purbararang teu percaya ningali adina tiasa jadi geulis deui kos harita.
Purbararang embungen eleh, teras anjeuna ngajak Purbasari nitah ngadu papanjang-panjang buuk. “Saha anu paling panjang buukna, manehna anu menang!” Saur Purbararang.
Mimitina Purbasari alimeun, nanging purbararang teras-terasan ngadesek. Nah pas ditingali, buuk Purbasari malah nu lewih panjang ti purbararang.
Baca Juga: Contoh Naskah Drama 8 Orang Bahasa Sunda Tentang Sekolah SMA
“Kajeun ayena abdi eleh, nanging ayeuna hayu urang paganteng-ganteng tunangan, tah ieu tunangan abdi”, saur Purbararang sabari nyampeurkeun ka Indrajaya. Purbasari mimitina gelisah da lantaran kabingungan.
Ahirna, purbasari narik panangan Lutung Kasarung. Lutung Kasarung ajol-ajolan kawas mangmenangkeun Purbasari. Purbararang seuri nyalakatak ngabahak-bahak. “Jadi monyet eta tunangan maneh?" Saur purbararang.
Dina wanci eta oge, Lutung Kasarung teras geura semedi sakedap, sarta lumangsung barobah jadi lalaki anu ganteng kacidaan, lewih-lewih ganteng ti Indrajaya.
Sadaya nu aya didinya rewasen ningali kajadian eta. Purbararang ahirna ngaku kaelehan nana, sarta menta maaf pikeun kalepatan salila ieu ka purbasari.
Manehna menta dihampurakeun sagala kasalahan nana ka purbasari, sarta menta supardos henteu dihukum. Purbasari anu bageur, langsung ngahampurakeun sagala kasalahan kakana purbararang.
Sanggeus kajadian eta, ahirna maranehna sadaya balik ka karajaan. Purbasari ahirna jadi saurang ratu, di rendengan ku saurang lalaki idamana. Lalaki eta teu lain anu salila ieu maturan purbasari salami dileweung, nyaeta lutung kasarung.