Contoh Pidato Bahasa Sunda: Sambutan Orang Tua Murid pada Perpisahan Sekolah SD SMP SMA

- 18 Juni 2022, 17:12 WIB
Contoh Pidato Bahasa Sunda: Sambutan Orang Tua Murid pada Perpisahan Sekolah SD SMP SMA
Contoh Pidato Bahasa Sunda: Sambutan Orang Tua Murid pada Perpisahan Sekolah SD SMP SMA /Pixabay / Skitterphoto.

Mugi Bapa kalih Ibu guru kersa ngahapunten kana kasalahan kahilafan para murid sarta para sepuhna.

Kalih ti eta, sim kuring ge neda dorong du’ana ti Bapa Ibu guru, malar ieu murangkalih teh tetep sumanget enggoning diajar di sakola salajengna, kalayan sing tetep taat ka guruna oge ka sepuhna.

Pamungkas, sim kuring sareng para sepuh wali murid nu sanesna, teu weleh ngadu’a, mugi-mugi ieu sakola mingkin teras aya dina kamajuan, sing teras ngagumelarkeun insan-insan nu mibanda prestasi nu elmuna teh mangpaat maslahat pikeun bangsa, nagara, sarta agama.

Kitu deui, Bapa/Ibu Kapala Sakola, sarta Bapa kalih Ibu guru teu weleh aya dina tangtayungan Allah SWT, dilegakeun jalan rijkina, serta sing tetep sarehat barokah, aamiin yaa robbal aalamiin.

Rupina sakitu nu kapihatur, hatur nuhun kana perhatosanana.

Hapuntenna bilih aya cariosan sim kuring nu kirang merenah.

Billahittaufiq wal hidayah.

Wassalamualaikum warrohmatullahi wabarakatuh. ***

 

 

Halaman:

Editor: Khoirul Umam


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah