Contoh Pidato Bahasa Sunda: Sambutan Orang Tua Murid pada Perpisahan Sekolah SD SMP SMA

- 18 Juni 2022, 17:12 WIB
Contoh Pidato Bahasa Sunda: Sambutan Orang Tua Murid pada Perpisahan Sekolah SD SMP SMA
Contoh Pidato Bahasa Sunda: Sambutan Orang Tua Murid pada Perpisahan Sekolah SD SMP SMA /Pixabay / Skitterphoto.

Bapa kalih Ibu guru, para sepuh, sarta murid-murid, neda widi rehna dina ieu kasempetan sim kuring baris ngadugikeun sababaraha hal, kalayan asmana para sepuh atanapi wali murid, dina ieu acara perpisahan sakola.

Utamina nu didugikeun teh nyaeta panuhun nu kalintang ageungna ka para Bapa kalih Ibu guru nu salami ieu parantos ngatik murid-murid, pun anak.

Sim kuring sadar yen dina ngatik pangajaran ka para murid teh sanes perkara nu gampil, tapi estu minangka ihtiar perjoangan.

Karaos ku sim kuring nalika ngaping murangkalih di rorompok.

Tetela, lagu ngatik teh diperelukeun kasabaran, sumanget, sarta kaihlasan lagu ngatik murid-murid teh.

Baca Juga: SIARAN LANGSUNG RANS Nusantara FC vs Madura United Via Indosiar dan TV Online, Klik Live Streamingnya

Ku kituna, sakali deui, sim kuring ngawakilan persatuan orang tua wali murid, nganuhunkeun pisan kana kasaean Bapa kalih Ibu guru salami murangkalih sakola di dieu.

Mugi eta kasaean Bapa kalih Ibu guru teh dipaparin ganjaran pahala ku Allah SWT, aamiin.

 

Salajengna, dina ieu kasempetan, sim kuring neda pangapuntenna kana sagala kalepatan murid-murid salami nyuprih elmu di ieu sakola, oge neda pangapunten kana sagala kahilafan para sepuhna, boh laku lampah boh ucapan, nu dihaja sareng nu teu dihaja.

Halaman:

Editor: Khoirul Umam


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah