Contoh Pidato Bahasa Sunda pada Perpisahan Sekolah untuk Murid SD MI dan SMP MTs

- 16 Juni 2022, 16:00 WIB
Contoh Pidato Bahasa Sunda pada Perpisahan Sekolah untuk Murid SD MI dan SMP MTs
Contoh Pidato Bahasa Sunda pada Perpisahan Sekolah untuk Murid SD MI dan SMP MTs /Pixabay / lograstudio.

Alhamdulillah, ku teu karaos, urang parantos genep taun ngalap elmu, sakola di dieu.

Sakedap deui urang bakal papisah sareng sakola ieu, sareng para Bapa Ibu guru.

Ku kituna, dina ieu kasempetan sim kuring sareng rerencangan seja ngadugikeun mangrewu-rewu hatur nuhun ka para Bapa kalih Ibu guru nu parantos ngaping sim kuring salami ieu.

Sagala rupa pangajaran Bapa sareng Ibu guru, alhamdulillah ageung pisan mangpaatna.

Mugi-mugi wae sagala elmu ti Bapa sareng Ibu guru teh, insya Allah bade teras diamalkeun pikeun kasaean bangsa, nagara, tur agama.

Sim kuring teu weleh ngadu’a mugi-mugi sadaya amal kasaean Bapa sareng Ibu guru dipaparin ganjaran pahala ku Allah SWT, aamiin yaa robbal aalamiin.

Oge teu hilap, dina ieu acara, sim kuring sareng rerencangan, neda pangapunten kana kahilafan sarta kasalahan salami sakola di deu, boh nu dihaja boh nu teu kahaja.

Baca Juga: Kata Sambutan Wali Kelas pada Acara Kelulusan SMP atau SMA Berisi Pesan Mudah Singkat dan Berbobot

Sakali deui, nyuhunkeun dihapunten.

Oge sim kuring nyuhunkeun dorong du’a ti Bapa sareng Ibu guru, mugi-mugi sim kuring sareng rerencangan tetep dipaparin kakiatan dina neraskeun sakola salajengna.

Halaman:

Editor: Khoirul Umam


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x