Contoh Pidato Bahasa Sunda pada Perpisahan Sekolah untuk Murid SD MI dan SMP MTs

16 Juni 2022, 16:00 WIB
Contoh Pidato Bahasa Sunda pada Perpisahan Sekolah untuk Murid SD MI dan SMP MTs /Pixabay / lograstudio.

SUMENEP NEWS -  Simak contoh pidato bahasa Sunda pada acara perpisahan sekolah untuk murid SD/MI dan SMP/MTs.

Pidato pada perpisahan sekolah ini dapat disampaikan oleh murid SD/MI atau SMP/MTs.

Acara kenaikan kelas dan perpisahan sekolah SD/MI atau SMP/MTs selalu menjadi momen yang tak terlupakan bagi para murid.

Pada masyarakat Sunda, istilah acara kenaikan kelas itu sering disebut samenan.

Baca Juga: Susunan Acara dan Teks Lengkap MC Perpisahan di Sekolah

Adapun untuk acara perpisahan sekolah, masyarakat Sunda kerap menyebutnya paturay tineung.

Contoh pidato perpisahan sekolah dalam bahasa Sunda ini juga bisa digunakan pada acara perpisahan sekolah atau paturay tineung bagi murid SMA/MA.

Umumnya, pidato murid dalam basaha Sunda pada acara perpisahan sekolah ini berisikan tentang ucapan terima kasih kepada semua guru, serta mohon doa restunya dalam melanjutkan ke jenjang pendidikan selanjutnya.

Saat menyampaikan pidato basaha Sunda itu, perlu juga diperhatikan tentang ragam bahasa yang digunakan.

Pasalnya, dalam bahasa Sunda dikenal adanya tingkatan ragam bahasa yakni bahasa halus (lemes) dan bahasa loma (akrab).

Baca Juga: Korlatas Polri : Imbauan Jangan Memakai Sandal Jepit Saat Berkendara

Sebagaimana dilansir dari portalkudus.pikiran-rakyat.com, berikut contoh pidato bahasa Sunda dalam acara perpisahan kelas:

Assalamualaikum warrohmatullahi wabarokatuh,

Bapa kalih Ibu guru anu ku sim kuring dipihormat.

Sadaya rerencangan anu ku sim kuring dipikacinta.

Puji sinareng syukur mangga urang sami-sami panjatkeun ka hadirat Allah SWT.

Ku ayana rohmat sareng hidayah-Na, urang tiasa kempel di dieu, alhamdulillah dina kaayaan sehat wal afiat.

Teu hilap, solawat sinareng salam mugi salamina ngamalir ngocor ka jungjunan urang sadaya, Kangjeng Nabi Muhammad SAW.

Bapa guru kalih ibu guru hormateun sim kuring, oge kumna rerencangan, dina ieu acara sim kuring neda widi rehna sim kuring ngawakilan sakumna rerencangan pikeun ngadugikeun biantara dina acara paturay tineung perpisahan sakola kelas genep.

Alhamdulillah, ku teu karaos, urang parantos genep taun ngalap elmu, sakola di dieu.

Sakedap deui urang bakal papisah sareng sakola ieu, sareng para Bapa Ibu guru.

Ku kituna, dina ieu kasempetan sim kuring sareng rerencangan seja ngadugikeun mangrewu-rewu hatur nuhun ka para Bapa kalih Ibu guru nu parantos ngaping sim kuring salami ieu.

Sagala rupa pangajaran Bapa sareng Ibu guru, alhamdulillah ageung pisan mangpaatna.

Mugi-mugi wae sagala elmu ti Bapa sareng Ibu guru teh, insya Allah bade teras diamalkeun pikeun kasaean bangsa, nagara, tur agama.

Sim kuring teu weleh ngadu’a mugi-mugi sadaya amal kasaean Bapa sareng Ibu guru dipaparin ganjaran pahala ku Allah SWT, aamiin yaa robbal aalamiin.

Oge teu hilap, dina ieu acara, sim kuring sareng rerencangan, neda pangapunten kana kahilafan sarta kasalahan salami sakola di deu, boh nu dihaja boh nu teu kahaja.

Baca Juga: Kata Sambutan Wali Kelas pada Acara Kelulusan SMP atau SMA Berisi Pesan Mudah Singkat dan Berbobot

Sakali deui, nyuhunkeun dihapunten.

Oge sim kuring nyuhunkeun dorong du’a ti Bapa sareng Ibu guru, mugi-mugi sim kuring sareng rerencangan tetep dipaparin kakiatan dina neraskeun sakola salajengna.

Rupina sakitu nu kapihatur.

Neda pangapunten bilih aya cariosan sim kuring nu teu merenah.

Hatur nuhun kana sadaya kasaean Bapa kalih Ibu guru, hapuntenna kana kalepatan sareng kahilafan sim kuring.

Billahittaufiq wal hidayah,

Wassalamualaikum warrohmatullahi wabarakatuh.

Demikian informasi tentang contoh pidato bahasa Sunda pada acara perpisahan sekolah murid SD/MI, SMP/MTs, atau juga SMA/MI. ***

 

 

Editor: Khoirul Umam

Tags

Terkini

Terpopuler