Contoh Dongeng Bahasa Sunda Si Kancil Singkat dan Lengkap, Cocok untuk Bahan Belajar dan Menjawab Soal

- 7 September 2023, 11:51 WIB
 Contoh dongeng Bahasa Sunda Si Kancil singkat dan panjang tentang jueng siput, maling bonteng, jueng harimau, sebagai bahan referensi
Contoh dongeng Bahasa Sunda Si Kancil singkat dan panjang tentang jueng siput, maling bonteng, jueng harimau, sebagai bahan referensi /Tangkap layar YouTube.com Riri Cerita Anak Interaktif

“Aya naon kancil sabenerna ieu, hayu geura omongkeun, ”ceuk si buaya teh. “Kieu yeh buaya, hapunten lamun kuring ngaganggu sare maneh, soalna kuring rek babagi daging seger pikeun maraneh nu aya di walungan ieu, ku kituna buru geura kaluarkeun sakabeh baturan maneh jang ngabeakeun kabeh daging-daging seger ieu.”

Baca Juga: Manfaat Membaca Dongeng untuk Anak pada Tumbuh Kembang Imajinasi, dan Hubungan Emosional

Ngadenge arek dibagikeun daging seger, teu kungsi lila, eta buaya geura-giru ngageroan babaturana ngarah kaluar kabeh. “Hey, babaturan kabeh, aya daging gratis yeuh! Hayu urang kaluar!” Ceuk pamingpin buaya mikeun komando nu tegas kanu buaya sejen.

Teu sabaraha lami, kalaluar eta buaya-buaya tina jero cai teh. “Nah, ayeuna kuring kedah ngitung tiheula aya sabaraha buaya-buaya anu hadir teh, hayu maraneh para buaya geura ngajajar hela teupi kasisi walungan palih ditu tuh, engke kuring itung hiji-hiji.” Ceuk si kancil bari rada serius ngomongna.

Teu mikir panjang, si buaya-buaya eta geura-giru nyokot posisi masing-masing, buaya-buaya mulai ngajajar tepi kasisi walungan seberang, nyieun sapertos jembatan.

“Oke, ayeuna kuring langsung mulai ngitung nya? ” ceuk si kancil, bari mulai ngajolan ka tonggong buaya, “Hijiii. duaaaa.. tiluuu” Sabari terus ngajolan tonggong buaya anu hiji ka buaya lainna. Dugi ahirna si kancil nepi di peuntas walungan.

Baca Juga: Contoh Dongeng Sunda Pendek Sasatoan Berjudul KUDA HADE BUDI Lengkap Amanat Cerita

Dugi di peuntas walungan, si kancil ngomong ka buaya-buaya: “Hey buaya-buaya, sabenerna teh teu aya daging seger anu rek kuring bagikeun, kan ges katempo kuring teh teu mawa nanaon.” Kuring mah ngan saukur hayang meuntas walungan hungkul weh da kuring ge lapar euy.” Ceuk si kancil teh bari seura-seuri.

Sakabeh buaya anu aya didinya atuh meren keuheul kabeh kusabab ngarasa ditipu si kancil. “Haaaaaaaaahh… awas maneh kancil mun kapanggih deui.. Beak maneh..!!” Teu mikir panjang, si kanci geura lumpat ngiles asup kajero tatangkalan nuju kebon pa tani kaur ngala bonteng nu jadi kabeukina.
***

Halaman:

Editor: Sauqi Romdani


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah