Si Kancil jeung Buaya (Si Kancil dan Buaya)
Dina hiji poe aya si kancil, sato nu dianggap pinteur eta teh keur lelempangan disisi leuweung. Manehna keur neangan walungan kusab cuaca poe ayena teh panas kacidaan, si kancil neangan cai keur nginum kusabab ngarasa aus.
Teu lila kaparengan di sisi leweung teh manehna nempo aya walungan anu caina rada kiruh. Si kancil nyampeurkeun sarta nginum caina eta, sanggeus si kancil nginum aya anu nyuara dina jero beuteung na.
“kruuuk…kruuuuuk…kruuuuuk.”
Wah, sigana si kancil ayena tos ngarasa kalaparan. Si kancil ngabayangkeun nikmatna lamun aya kadaharan kabeukina nyaeta bonteng. Nanging kebon bonteng eta aya di peuntas walungan. “Kumaha cara nyebrangna nya kuring teh?” Ceuk si kancil bari mikiran carana sakeudeung.
Baca Juga: 9 Rekomendasi Buku Dongeng Anak Umur 1 Tahun dan 2 Tahun Khas Budaya Indonesia
Teu kungsi lila si kancil boga ide, bari ajol-ajolan si kancil atos tuluy bari ngajorowok: “Hey.. Buaya.buaya. hayu buru kaluaaaaar. Kuring boga kadaharan jang maraneh!!” Ceuk si kancil ka buaya-buaya anu kabeneran loba cicing di walungan eta teh.
Sakali deui si kancil ngageroan: “Buaya…buaya… buru kaluar… hoyong daging seger henteeeuu?” Teu lami saterusna, aya hiji buaya kaluar ti dina jero cai, “Bruaaar… saha anu gogorowok gandeng beurang-beurang kieu.. ngaganggu kuring sare bae.”
Buaaaarr.. Pamingpin buaya datang “Heh kancil.. cicing maneh.. lamun henteu cicing, ku urang dahar maneh.” Ceuk buaya kadua anu kaluar babarengan.
“Wah. Alus maraneh kaluar euy, mana deui buaya anu laina?” Tembal si kancil saterusna. “Lamun maneh ngan duaan, sesa dagingna bakal moal beak, jadi buru geura kaluar kabeh.” Ceuk si kancil bari jojorowok deui.