Contoh Biantara Bahasa Sunda tentang Perpisahan Sekolah Kelas 6 dan Kelas 9 SIngkat dan Jelas

- 22 Agustus 2023, 15:30 WIB
Contoh teks biantara Bahasa Sunda tentang perpisahan untuk berbagai acara baik perpisahan sekolah maupun kuliah secara singkat dan jelas
Contoh teks biantara Bahasa Sunda tentang perpisahan untuk berbagai acara baik perpisahan sekolah maupun kuliah secara singkat dan jelas /Pixabay/mohammed_hassan./

Lulusna sim kuring saparakanca sanes mangrupikeun kalulusan kangge liren di ajar, tapi janten awal kangge sim kuring saparakanca ngamalkeun elmu nu parantos diajarkeun di ieu sakola sareng kangge urang sadaya ngalanjutkeun ka tingkatan pendidikan anu langkung luhur.

Ku margi kitu, sim kuring bade nitip amanah kangge ayi-ayi kelas anu teu acan lulus, sing sumanget diajar tur milari elmuna sangkan urang sadaya janten manusa anu berguna kangge nusa bangsa.

Baca Juga: TEKS Pidato atau Biantara Bahasa Sunda Tema Pergaulan Bebas, Cocok Jawab Tugas Sekolah

Pamungkas kata, sim kuring saparakanca neda nyuhunkeun hapunteun ka para guru tur sadaya hadirin saumpamina dina salami sim kuring saparakanca nyiar elmu di ieu sakola seer pisan kalepatan nu dipidamel, sareng sim kuring saparakanca nyuhunkeun pangrojong do’a ti sadayana sangkan sim kuring saparakanca dipasihan kalancaran kangge napak dina tingkatan kapayunna saatos lulus ti ieu sakola

Sakitu wae anu tiasa ku sim kuring di dugikeun, mudah-mudahan urang sadaya tiasa dikumpulkeun deui dina kaayanan sehat tur dina kaayaan bagja.

Wabillahi Taufik wal Hidayah

Wassalamu’alaikum Wr.Wb.

Contoh Ked 2

Assalamualaikum wr. wb.

Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah Illahi Robbi. Alhamdulillah wasyukurilah, Laillahhailallah, Subhanallah dina danget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni upacara Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar salami tilu taun.

Bapa kalih Ibu, hadirin hormateun sim kuring

Halaman:

Editor: Sauqi Romdani


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah