Contoh Biantara Bahasa Sunda tentang Perpisahan Sekolah Kelas 6 dan Kelas 9 SIngkat dan Jelas

- 22 Agustus 2023, 15:30 WIB
Contoh teks biantara Bahasa Sunda tentang perpisahan untuk berbagai acara baik perpisahan sekolah maupun kuliah secara singkat dan jelas
Contoh teks biantara Bahasa Sunda tentang perpisahan untuk berbagai acara baik perpisahan sekolah maupun kuliah secara singkat dan jelas /Pixabay/mohammed_hassan./

Naskah Pidato Perpisahan Sekolah Bahasa Sunda

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Allah Nu Maha Welas tur nu Maha Asih anu parantos masihan nikmat ka urang sadaya sangkan urang janten hamba gusti anu seer bersyukur kana sadaya nikmat anu parantos dipasihan ku Gusti ka urang sadaya.

Shalawat sinareng salam mugia salamina urang sadaya sanggakeun ka jungjunan urang sadaya nyatana kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, sohabatna, tabi’in tabi’atna sareng mugia dugi ka urang sadaya salaku umatna kanjeng Nabi.

Bapa kalih Ibu, hadirin hormateun sim kuring

Ngadegna sim kuring di payuneun hadirin, sim kuring mangrupikeun wawakil ti rerencangan nu dinteun ayeuna parantos dinyatakeun lulus ti ieu sakola.

Baca Juga: Biantara Bahasa Sunda Pentingya Pendidikan, Cocok Dibacakan di Depan Kelas

Waktos nyerelek teu karaos sim kuring saparakanca tos di ajar sababaraha taun di ieu sakola dugika ayeuna di waktos ieu sim kuring saparakanca lulus ti ieu sakola.

Tangtosna, salami sim kuring saparakanca nyiar elmu di ieu sakola sim kuring saparakanca kenging seer elmu sareng seer oge kenangan anu bakal aya salawasna dina emutan.

Sim kuring ngahaturanan rebu-rebu nuhun ka para guru sareng sadaya staff di ieu sakola anu parantos ngajalankeun tugas ngadidik para siswa tur masihan fasilitas anu terbaik kangge para siswa.

Halaman:

Editor: Sauqi Romdani


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah