Contoh Dongeng Bahasa Sunda Persahabatan Dua Hewan Singkat, Kisah Cerita Rakyat Gajah Mencari Makan di Koloni

- 4 Maret 2023, 18:05 WIB
cerita dongeng bahasa sunda singkat dengan judul persahabatan dua hewan
cerita dongeng bahasa sunda singkat dengan judul persahabatan dua hewan /Freepik

Kacaturkeun di hiji leuweung, Sakadang Gajah kakoncara sato anu panggedena. Na hiji waktu manehna neangan kadaharan ka hiji kawasan bangsa sireum. Bangsa sireum anu leutik ku kadatangan Sakadang Gajah estuning ngarasa kausik. Imah sireum loba nu katincak nepi ka rusak jeung pabalatak. Antukna Raja sireum ngawanikeun diri pikeun ngusir Sakadang Gajah sangkan tong neangan kadaharan di wilayah manehna.

“Yeuh Sakadang Gajah, geura incah ti wilayah kaula. Lantaran kuayana andika imah rahayat kaula jadi pada rusak.” Pok Raja Sireum ka Sakadang Gajah.

Ngadenge manehna diusir ku sireum Gajah ukur nyengseurikeun. Kadar ge sireum sato anu leutik kacida moal walakaya atuh ngalawan manehna. Ceuk Gajah dina hatena bari terus manehna beuki ngahajakeun neanga kadaharan di wilayah sireum.

Baca Juga: Link Download PDF Buku Menyelami Rahasia Seksologi Dalam Islam, Tanpa Password dan Bebas Iklan

Rahayat sireum beuki ambek. Raja Sireum ngumpulkeun sakabeh rahayatna pikeun ngusir Gajah babarengan. Tapi alih-alih diturutkeun malah Sakadang Gajah beuki ngahaja ngarusak kabeh imah sireum nu aya di dinya.

Ningali Sakadang Gajah nu beuki ngaremehkeun, rahayat semut anu ngarempug Gajah. Ngarayap ka saawak-awak Gajah. Aya nu asup ka bujurna. Aya anu asup ka ceulina. Aya nu asup ka taringna irungna jeung sajabana. Terus ku rahayat sireum Gajah digegelan nepi ka Gajah teh ateuleun teu kuateun. Lantaran saawak-awak digurumut ku sireum anu loba pisan. Nepi ka Gajah teu walakaya terus manehna taluk, jangji pikeun ninggalkeun wilayah sireum. Akhirna Raja Sireum marentahkeun sakabeh rahayatna pikeun eureun ngagurumut awak Gajah. Ti saprak harita Sakadang Gajah incah kapokeun teu daekeun ngaganggu sireum deui.

Demikian paparan dan penjelasan cerita dongeng bahasa sunda singkat dengan judul persahabatan dua hewan.***

Halaman:

Editor: Sauqi Romdani


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x