Contoh Naskah Drama Bahasa Sunda Komedi Lucu 4 Orang, Si Gensi Katakluk

11 Januari 2023, 13:55 WIB
contoh naskah drama bahasa sunda 4 orang dengan genre komedi tentang tema kehidupan, sosial, persahabatan, kabayan singkat, dan sekolah/ilustrasi /pexels/Max Fischer

SUMENEP NEWS - Inilah contoh naskah drama bahasa sunda 4 orang dengan genre komedi.

 

 

Teks contoh naskah drama bahasa sunda sudah tersedia secara lengkap untuk penampilan.

Adapun contoh naskah drama bahasa sunda bisa didapatkan dan convert dalam PDF.

Baca Juga: Contoh Materi Drama Bahasa Sunda Kelas 9 dan Kelas 12, Genre Komedi Lucu

Pada naskah drama bahasa sunda kali ini dengan sebuah judul Si Gensi Katakluk.

Pada materi naskah drama bahasa sunda tentang 4 orang yang bercerita.

Dikutip dari berbagai sumber, berikut naskah drama bahasa sunda di bawah ini:

Baca Juga: Contoh Pembukaan Presentasi Bahasa Inggris Singkat, Individu dan Kelompok!

Materi naskah drama bahasa sunda singkat

 

 

Si Gengsi Katakluk

Dina hiji poe, Ningsih, Onah, Ipeh jeung Mimi keur ngerjakeun tugas babareungan di kelas. Ningsih ngacung-ngacungkeun pananganna bari api-api mikir.

Onah : “E...eh...Ningsih??? Gening atuh pananganna kikituan jiga nu bade nyulap wae !!!” (taros Onah bari bingung)

Ningsih : “Eh...emangna kuring teh penyihir, puguh atuh, kuring mah keur mikir lain keur nyulap Onah !!!” (tembal Ningsih sewot)

Ipeh : ”Biasa wae atuh Ningsih nyariosna, mani sewot kitu nya???” (menta pendapatka Mimi gigireun)

Mimi : “Uhun da eta mah tos kitu teuas hulu !!!”

Onah : “Batu atuh !!!” (celetuk Onah, beri panon na ngareret ka Ningsih)

Baca Juga: Contoh Pidato Bahasa Sunda Tentang Kebersihan, Cocok Dijadikan Bahan Tugas Sekolah

Ningsih : “Euhhhh... ieu barudaknya, ti tatadi hayuh wae momojok kuring, kumaha kuring wae atuh, naha mani rujit !!! Wew (bari ngajeubi)

Onah, Ipeh jeung Mimi silih ngareret. Teu pati lila sumping Fi’ah lulumpatan bari nyndak sapu injuk.

Mimi : “Aya naon atuh Fi’ah aya naon??? Siga di toel ku juring !!!”

Fi’ah : “(jejeretean) Eh... sanes kitu teteh, euhh tadi aya jalmi teu eling luumpatan jadi weh kuring ngiring lulumpatan da sieun !!! (tembalna bari hah heh hoh cape)

Ipeh : “Ari kitu jalmi teu elingna ngudag Fi’ah???”

Fi’ah : “Henteu oge sih !!!”

Onah : “Naha atuh mani hayang pimilueun???”

Fi’ah : “Ah wios weeee atuh wew” (bari ngajeubi)
Ningsih ngaledek ka Fi’ah bari ujug-ujug nyurungkeun teu pagah puguh pedah naon.

Fi’ah : “Ih... aya naon si???” (bari nyureung)
Ningsih : “Oh jadi ieu istri nu dipikahewa jeung nu sok nganyernyeri alo kuring teh !!!” (Ningsih terus maju mojokkeun Fi’ah terus undur-unduran)

Mimi : “Alo???”

Baca Juga: Lezat Banget! Resep dan Cara Membuat Nasi Tutug Oncom Khas Sunda Sederhana dan Bergizi

Ipeh : “Si Midin nya???”

Onah : “Enya meureun !!!”

Fi’ah :“Maksudna??? Nganyeunyeuri kumaha??? Biasa wae pan”(ngajawab bari nyantai)
Ningsih : “Atuh da jalma jiga kieu mah moal nyadar !!! (bari ngebug tak tak Fi’ah)

Fi’ah : “Pedah naon atuh Midin hewaeun ka kuring??? Hayohhh??? (bari ngaledek)

Ningsih : “Tong teuing apal, percuma maneh mah moal nyadar, neundeun ceuli ge dina irung tuda”

Onah : “Naon salah si Fi’ah Ningsih???”

Ningsih : “Gandeng tong teuing pimilueun lah !!!”

Ipeh : “Atuh ari teu pagah-puguh mah perlu diamankeun !!!” (pimilueun ngomong bari samutut)

Mimi : “Satujuuuuuuu...!!!” (celetuk Mimi bari ngepeulkeun peureup)

Ningsih : “Maneh deui Mi, lain si Udin eta mah !!!”

Mimi : “Maksudna???”

Ipeh : “Keun geura ek ngalucu tadi namah ngan teu bisaeun”
Ningsih : “Gandengggg..!!!” (Ningsih ngagorowok bari nyurungkeun Fi’ah nepika tiguling)

Teu lila, datang Midin nu lulumpatan da nempo Fi’ah tiguling, diditu namah ek jadi pahlawan kabeurangan ceunah (Haha)

Midin : “Eh nanaonan sih pake nyurungkeun Fi’ah sagala???” (matana molotot ka Ningsih, bari pananganna mantuan Fi’ah tatih deui)

Fi’ah : “Ih nanaonan sih maneh Midin??? Kuring teu butuh bantuan maneh !!!” (bari ngalesotkeun pananganna ti Midin)

Onah : “Ih... Geningan Fi’ah kitu si???”

Ningsih : “Maneh teh nya !!! (bari nyurungkeun dei tak tak Fi’ah)

Baca Juga: WAJIB TAHU! Soal dan Jawaban PAS Bahasa Sunda Kelas 6 SD MI, Pilihan Ganda yang Sering Muncul

“Geus untung ditulungan, eh teu nuhun-nuhun acan, teu boga kaera pisan” (bari molotot)

Midin : “Cicing atuh Ningsih ge ulah padu nyurungkeun wae !!! Karunya Fi’ah !!!”

Ipeh : “Ah jigana aya nanaon yeuh !!!”

Midin : “Nanaon??? Naon atuh naon???” (bari nyureng)

Mimi : “Naonnya???” (bari mirintil-mirintil keun tungtung tiung)

Ipeh : “Cinta meureun !!!”

Ningsih : “ Ah nahaon atuh cinta??? Midin, ceunah maneh teh hewa ka Fi’ah??? Naha atuh kalah hayuh wae di bela??? Hah??? Jawab !!! ( bari molotot)

Fi’ah : “Naon atuh salah kuring??? Naha mani kalasar pisan ka kuring???”

Midin : “Fi’ah mah teu salah nanaon ieuh !!!” (bari seuri ka Fi’ah)

Onah : “Tah...tah...tahh mulai yeuhh !!!

Mimi : “Drama Korea mulai yeuh !!!”

Fi’ah : “Midin, ulah kitu geura da teu enak kalah ge !!! Bari nage kuring mah teu butuh pitulung anjeun.. Ulah teuing sok So ek nulungan !!!”

Midin : “Sanes kitu Fi’ah, Midin mah mung alim ningali Fi’ah di pojokeun kieu, mangkana Midin ngabela Fi’ah !!!” (Bari seuri deui ka Fi’ah)

Onah : “Fi’ah mah kitu geningan, meureun duduhkeun Midin teh ek Caper we !!!”

Mimi : “Caper teh naon atuh nah???”

Baca Juga: BARU! Soal dan Jawaban PAS Bahasa Sunda Kelas 5 SD  MI, Lengkap Pilihan Ganda yang Sering Muncul

Ningsih : “Nu kitu oge teu apal atuh Mi, oon pisan !!!” (bari nyungklukeun sirah Mimi)

Ipeh : “Cari perhatian, Mimiiiiiii !!!” (bari semu jengkel ka Mimi)

Mimi : “OH !!!” (Mimi unggut-unggutan)

Fi’ah : “Lah kareup teuing, pokok namah ulah sok SO !!!” (bari ngabalieur)

Ningsih : “Ih budak teh pikaseubeuleun pisan atuh !!! Hewa, geus goreng ka alo urang !!!”
Midin ngabantingkeun panghapus nu caket bor, barudak didinya rareuwaseun. Midin beuki nyakeutan Fi’ah

Midin : “ Kupingkeun kuring Fi’ah, ti baheula neupika ayeuna, anjeun mah teu pernah robih wae !!! Cing atuh sing peka kana rarasaan kuring salila ieu !!! Hayuh wae egois, egois, jeung egiossssssss !!!” (ngagorowok kana ceupil Fi’ah) “Nyadar teu??? Kuring teh geus sabar ku prilaku anjeun anu hayuh wae judes jeung kasar, kuring sabar ku anjeun tina sagala poyokan, tapi kuring kumaha??? Naon balasan ti anjeun Fi’ah???” L (bari ningalikeun raray Fi’ah)
Mimi terus wae mirintil-mirintil tiungna, Ningsih ngegel biwir, Ipeh jeung Onah cungar ceungir.

Onah : “Sok atuh sok !!!” J

Mimi : “Eh ulah gandeng, ke sakeudap deui geura !!!” (bari nyerengeh) J

Ipeh : “Enggal atuh lami pisan !!!”

Midin : “Kuring kitu soteh pedah BOGOH ka anjeun, kuring NYAAH pisan ka anjeun Fi’ah !!! sing ngarti atuh !!! L
(Fi’ah tungkul ningalikeun tembok)

Onah : “Oh My Gost !!!” (mani tarik)

Ipeh : “Oh My God Onah, euh oon dasar !!! (bari nyungklukeun sirah Onah)

Onah : “Eh uhun tah eta maksud teh !!! (bari pulunyah pelenyeh)
Ningsih “Boga nyali oge alo kuring !!!”

Mimi : “So sweet !!!”
(Midin tuluy indit kaluar ti kelas)

Ningsih : “Kakuping teu FI’AH???
(Fi’ah teu nembal)

Ipeh : “Ari Fi’ah si kumaha ka Midin???”

Fi’ah : “Kumaha kumahana atuh???” (sewot)

Onah : “Fi’ah gaduh hate teu??? Fi’ah gaduh rasa nyaah teu ka Midin???”

(Fi’ah cicing ngahuleung)

Baca Juga: Mengenal Nama-Nama Hari dalam Bahasa Sunda, Tidak Jauh Berbeda Tapi Ada Perbedaan

Mimi : “Fi’ah !!!” (bari nyentak)

Ningsh : “Nembal atuh geura !!!” (nyentak Fi’ah)

Fi’ah : “M.....”

Ipeh : “Kumaha???”

Fi’ah : “Atuh da geura.......!!!” (bari gual geol)

Onah : “Geningan jadi ejle kitu???”

Ningsih : “Ngaku wae atuh !!!”

Fi’ah : “Enya, kuring ge Nyaah pisan ka Midin” (bari sura seri era)

Mimi : “Ciehhhhhhhh !!!”

Ipeh : “(bari acleng-aclengan) Asikkkkkkkkk !!!”

(Ningsih tepuk tangan, anjeunna ngagorowok bari ningali ka belah luar)

Ningsih : “Midinnnnnnnnnnnn....!!!”

Midin : “Kumaha bibi???” (bari mapah nyaketan Ningsih)

Ningsih : “Fi’ah geus ngaku, yen maneh na oge gaduheun rasa ka

Midin !!!”

Midin : “Nu bener bi??? (bari bungah)

Fi’ah : “Ihhhhhhhhhhh geningan kitu L isin atuh ih !!!”

Ipeh : “Tapi bungah kan???”

(Fi’ah sura seuri). Midin asup deui ka kelas, bari nyamperkeun Fi’ah

Midin : “Beneran Fi’ah Nyaah ka Midin ???” (bari nyepeng panangan Fi’ah)

Fi’ah : “Muhun, Fi’ah nyaah ka Midin..” (bari nyiwit Midin)

Onah : “M..... nu nuju kasmaran !!!”

Mimi : “Drama jadi kanyataan !!!”

Ningsih : “Euleuhhh si Fi’ah genitt !!!”

Midin ek nangkeup Fi’ah bakat ku bungah na... Serempak Ningsih,

Onah, Mimi, jeung Ipeh ngagorowok “ LAIN MUHRIMMMMMMMMM !!!!!!” Deziggggg J

Demikian pembahasan dan contoh teks naskah drama bahasa sunda.***

Editor: Sauqi Romdani

Sumber: Berbagai Sumber

Tags

Terkini

Terpopuler