Contoh Pidato Bahasa Sunda: Sambutan Orang Tua Murid pada Perpisahan Sekolah SD SMP SMA

18 Juni 2022, 17:12 WIB
Contoh Pidato Bahasa Sunda: Sambutan Orang Tua Murid pada Perpisahan Sekolah SD SMP SMA /Pixabay / Skitterphoto.

 

 

SUMENEP NEWS – Contoh pidato atau sambutan orang tua murid menggunakan Bahasa Sunda pada acara perpisahan sekolah, baik SD, SMP, atau SMA.

Pada acara perpisahan sekolah SD, SMP, SMA, di Jawa Barat, seringkali sambutan atau pidato orang tua atau wali murid itu menggunakan Bahasa Sunda.

Bahasa Sunda merupakan bahasa yang banyak digunakan masyarakat di tanah air, termasuk pada perpisahan sekolah SD, SMP, SMA, di mana pihak orang tua murid juga diundang dan diberi kesempatan untuk menyampaikan pidato sambutan.

Pidato sambutan berbahasa Sunda dari pihak orang tua pada acara perpisahan sekolah SD, SMP, SMA, biasanya diwakili oleh salah seorang dari persatuan orang tua wali murid.

Baca Juga: Musim Haji 2022: Keharuan Jemaah Saat Jumat Pertama di Masjidil Haram

Selain berisi kesan dan pesan, pidato sambutan pihak orang tua murid juga biasanya berisi ucapan terima kasih, permohonan maaf atas kesalahan anak-anaknya, juga adanya harapan-harapan kebaikan bagi semua pihak.

Berikut contoh pidato Bahasa Sunda untuk sambutan orang tua murid pada acara perpisahan sekolah SD, SMP, atau SMA.

 

Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh,

Bismillaahirrahmaannirrahiim,

Alhamdulillahirobbil alamin washolatu wassalamu ala asrofil ambiyai wal mursalin syyidina wa maulana Muhammadin wa ala alihi wa ashabihi ajma'in amma ba'du.

Baca Juga: Piala Presiden 2022: Madura United Bertemu Mantan pada Laga versus RANS

Bapa/Ibu Kapala Sakola, Bapa kalih Ibu guru hormateun sim kuring,

Para sesepuh atanapi wali murid hormateun sim kuring,

Sarta para murid nu ku sim kuring dipikacinta,

Alhamdulillah, puji sinareng syukur urang panjatkeun ka Allah SWT, rehna ku ijin sareng ni’mat anugrah-Na, urang tiasa kempel di ieu tempat, insya Allah dina kaayaan sehat wal afiat.

Teu hilap, sholawat sinareng salam mugi teu weleh ngocor ngamalir ka Baginda Rasul Kanjeng Nabi Muhammad SAW.

Bapa kalih Ibu guru, para sepuh, sarta murid-murid, neda widi rehna dina ieu kasempetan sim kuring baris ngadugikeun sababaraha hal, kalayan asmana para sepuh atanapi wali murid, dina ieu acara perpisahan sakola.

Utamina nu didugikeun teh nyaeta panuhun nu kalintang ageungna ka para Bapa kalih Ibu guru nu salami ieu parantos ngatik murid-murid, pun anak.

Sim kuring sadar yen dina ngatik pangajaran ka para murid teh sanes perkara nu gampil, tapi estu minangka ihtiar perjoangan.

Karaos ku sim kuring nalika ngaping murangkalih di rorompok.

Tetela, lagu ngatik teh diperelukeun kasabaran, sumanget, sarta kaihlasan lagu ngatik murid-murid teh.

Baca Juga: SIARAN LANGSUNG RANS Nusantara FC vs Madura United Via Indosiar dan TV Online, Klik Live Streamingnya

Ku kituna, sakali deui, sim kuring ngawakilan persatuan orang tua wali murid, nganuhunkeun pisan kana kasaean Bapa kalih Ibu guru salami murangkalih sakola di dieu.

Mugi eta kasaean Bapa kalih Ibu guru teh dipaparin ganjaran pahala ku Allah SWT, aamiin.

 

Salajengna, dina ieu kasempetan, sim kuring neda pangapuntenna kana sagala kalepatan murid-murid salami nyuprih elmu di ieu sakola, oge neda pangapunten kana sagala kahilafan para sepuhna, boh laku lampah boh ucapan, nu dihaja sareng nu teu dihaja.

Mugi Bapa kalih Ibu guru kersa ngahapunten kana kasalahan kahilafan para murid sarta para sepuhna.

Kalih ti eta, sim kuring ge neda dorong du’ana ti Bapa Ibu guru, malar ieu murangkalih teh tetep sumanget enggoning diajar di sakola salajengna, kalayan sing tetep taat ka guruna oge ka sepuhna.

Pamungkas, sim kuring sareng para sepuh wali murid nu sanesna, teu weleh ngadu’a, mugi-mugi ieu sakola mingkin teras aya dina kamajuan, sing teras ngagumelarkeun insan-insan nu mibanda prestasi nu elmuna teh mangpaat maslahat pikeun bangsa, nagara, sarta agama.

Kitu deui, Bapa/Ibu Kapala Sakola, sarta Bapa kalih Ibu guru teu weleh aya dina tangtayungan Allah SWT, dilegakeun jalan rijkina, serta sing tetep sarehat barokah, aamiin yaa robbal aalamiin.

Rupina sakitu nu kapihatur, hatur nuhun kana perhatosanana.

Hapuntenna bilih aya cariosan sim kuring nu kirang merenah.

Billahittaufiq wal hidayah.

Wassalamualaikum warrohmatullahi wabarakatuh. ***

 

 

 

 

Editor: Khoirul Umam

Tags

Terkini

Terpopuler