Teks Khutbah Jumat tentang Isra Miraj Bahasa Sunda untuk para Khotib di Tatanan Jawa

- 7 Februari 2024, 19:25 WIB
Teks khutbah Jumat tentang Isra Miraj 9 Februari 2024 dalam Bahasa Sunda untuk para Khotib di daerah Jawa Barat bisa format PDF dan Word
Teks khutbah Jumat tentang Isra Miraj 9 Februari 2024 dalam Bahasa Sunda untuk para Khotib di daerah Jawa Barat bisa format PDF dan Word /Pixabay/Mark

Maka hayu urang ajak diri pribadi sareng kulawargi urang masing-masing kanggo ngalaksakeun saum sunnah, minimal dina sasih ieu tiasa saum sadinten, boh di awalna, tengahna atanapi akhirna. tiasa oge midamel saum senen kemis atanapi daud dina sasih ieu, tiasa oge anu langkung utami, ngalaksnakeun amalan para sesepuh shaum tilu sasih berturut-turut, nyaeta rajab, ruwah sareng romadhon ku niatan nyakeutkeun diri ka gusti Allah. sabab dina hiji keterangan, salah sawios amalan anu pahala langsung dipaparin ku gusti Allah nyaeta amalan shaum.

Ma’asyirol Muslimin Rohimakumullah,

Amalan sanesna anu tiasa urang seueurkeun dina sasih ieu nyaeta nyeueurkeun istigfar, nyuhunkeun dihapunten sagala dosa ku Allah SWT, istighfar sasih rojab, anu parantos diuninga ku sadaya nyaeta,

رَبِّ اغْفِرْ لِي وَارْحَمْنِي وَتُبْ عَلَيَّ

Para ulama nyebatkeun, liana ti ulah ngadzolman batur, nyeueurkeun puasa sunnah sareng nyeueurkeun istigfar, nyaeta kedah ngaos du’a anu kantos dicontohkeun ku nabi Muhammad SAW. Nyaeta do’a bulan rajab anu kalimatna sapertos ieu :

اللَّهُمَّ بَارِكْ لَنَا فِيْ رَجَبَ وَشَعْبَانَ وَبَلِّغْنَا رَمَضَانَ

Ma’asyirol Muslimin Rohimakumullah,

Hayu urang sami-sami tingkatkeun kataqwaan ka Alloh SWT, kalayan kataqwaan anu sabener-benerna. Urang kedah yakin dina mentaati parentah-parentah Alloh sareng Rosulna, oge nebihan sajauh-jauhna naon rupi anu dilarang ku Alloh sareng Rosulna.

Kasempetan Bulan Rajab anu dongkapna sataun sakali ieu, kedah dimuliakeun ku urang sakumaha anu diparentahkeun. Sakali deui urang ngadu’a pamugia urang sadaya ditetepkeun janten ahli ibadah, digampilkeun sagla rupi urusanana, ditebihkeun tina sagalrupi panyawat sareng balaya,

 بارَكَ الله لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ لْحَكِيْمِ. أَقُوْلُ قَوْلِيْ هذا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ مِنْ كُلِّ ذَنْبٍ، فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ

Halaman:

Editor: Ahmad


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah