Teks Khutbah Jumat tentang Isra Miraj Bahasa Sunda untuk para Khotib di Tatanan Jawa

- 7 Februari 2024, 19:25 WIB
Teks khutbah Jumat tentang Isra Miraj 9 Februari 2024 dalam Bahasa Sunda untuk para Khotib di daerah Jawa Barat bisa format PDF dan Word
Teks khutbah Jumat tentang Isra Miraj 9 Februari 2024 dalam Bahasa Sunda untuk para Khotib di daerah Jawa Barat bisa format PDF dan Word /Pixabay/Mark

Ma’asyirol Muslimin Rohimakumullah,

Ayat sareng hadits tadi nunjukeun, yen opat sasih anu disebatkeun teh sasih anu mulia, maka satiap jalma mukmin kedah ngamuliakeun sasih-sasih eta, ayeuna urang aya di sasih rajab, Ku cara kumaha urang ngamuliakeun bulan Rajab teh ?

 فَلَا تَظْلِمُوا فِيهِنَّ أَنفُسَكُمْ ۚ

Di opat sasih anu dimuliakeun eta maraneh ulah saling ngadzoliman.

Buya Hamka dina tafsir al-azharna ngajelaskeun yen dina sasih anu opat eta haram hukumna kanggo perang, mibanda harta batur, ngabales kagorengan jeung kagorengan. dina keterangan anu sanesna, dimuliakeunana tilu bulan anu patutur teh, nyaeta kanggo persiapan ibadah haji, sasih hapit biasana jalmi ngawitan perjalanan kango angkat ka mekkah, sasih rayagung nyaeta waktosna ibadah haji, sasih muharram, nyaeta mulihna jamaah haji ka negara masing-masing. anapon rojab parantos dimuliakeun ti kawit zamana nabi Ibrahim sareng Nabi Ismail A.S. bahkan gaduh sebatan anu mulia nyaeta “Syahrullah” sasihna gusti Allah.

Kamuliaan sasih rojab anu sanesna nyaeta, aya peristiwa bersejarah, dimana di kaping 27-na, junjungan urang sadayana kanjeng Nabi Muhammad SAW. di-isrokeun ti masijidil haram ka masjidil aqsho. lajeng dimi’rojkeun ti Baitul maqdis ka shidrotul muntaha, nyaeta tempat anu pangluhurna, matur ka gusti Allah oge awal mula diparentakuenana sholat anu lima waktu. matak para ulama ngajelaskeun saha-saha anu ngalaksanakeun kahadean ku niatan ngamuliakeun sasih rajab bakal dilipatgandakeun pahalana, jeung saha-saha anu migawe kagorengan di sasih anu dimuliakeun ku sakabeh alam ieu, bakal dilipatgandakeun oge dosana, Walloohu a’lam.

Ma’asyirol Muslimin Rohimakumullah,

Baca Juga: Materi Khutbah Jumat 20 Oktober 2023 Hari Santri Nasional dan Semangat Kebangsaan

Dina sasih ieu oge, urang ge diperintahkeun kanggo ngalaksanakeun puasa sunnah, sabab dawuh kanjeng nabi Muhammad SAW:

إِنَّ فيِ الجَنّةِ  نَهْرًا، يُقَالُ لَهُ رَجَب، أَشَدّ بَيَاضًا مِنْ اللبنِ، وَأَحْلَى مِنْ العَسَلِ، مَنْ صَامَ يَومًا مِنْ رَجَب سَقَاهُ اللهُ ، مِنْ ذلِكَ النَهَارِ.

Halaman:

Editor: Ahmad


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah