Khutbah Jumat Bahasa Sunda untuk Warga Jawa Barat : Jalma Anu Bakal Meunang Karugian

- 22 September 2023, 09:39 WIB
Teks khutbah Jumat bahasa Sunda terbaru, singkat dan menyentuh hati bertema perang ngayonan hawa nafsu.
Teks khutbah Jumat bahasa Sunda terbaru, singkat dan menyentuh hati bertema perang ngayonan hawa nafsu. //pexels.com/Michael Burrows


يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا لَا تُلْهِكُمْ أَمْوَالُكُمْ وَلاَ أَوْلاَدُكُمْ عَنْ ذِكْرِ اللهِ وَمَنْ يَفْعَلْ ذلِكَ فَأُولَئِكَ هُمُ الْخَاسِرُونَ .

Hartosna: Yeh jalma-jalma nu iman, ulah rek katungkul ku harta-harta anjeun sarta anak-anak anjeun tina eling ka Allah. sing saha anu migawe kitu maka maranehanana eta pisan jalma-jalma anu rugi. (Al-Munafiqun: 9)

Saterasna Allah Swt., nganjurkeun kamaranehanana tina sabagian rizkina. Kalayan dawuhanana:

Baca Juga: Link Beli Tiket Kereta Cepat Jakarta-Bandung Kategori VIP dan First Class

وَأَنْفِقُوا مِنْ مَا رَزَقْنَاكُمْ مِنْ قَبْلِ أَنْ يَأْتِيَ أَحَدَكُمُ الْمَوْتُ فَيَقُولَ رَبِّ لَوْلاَ أَخَّرْتَنِي إِلَى أَجَلٍ قَرِيبٍ فَأَصَّدَّقَ وَأَكُنْ مِنَ الصَّالِحِينَ

Hartosna: Jeung infakkeun sabagian tina naon anu geus ku kami dibikeun ka maraneh samemeh datang maot ka salah saurang diaantara aranjeun, tuluy manehna ngomong: ” naha atuh Gusti henteu ngundurkeun maot abdi sakedapmah; supados abdi tiasa sodakoh heula sarta abdi janten jalmi-jalmi anu soleh.” (Al-Munafiqun: 10)


Hadirin jamaah Jumat rahimakumullah

Satiap jalma anu teu malire kana kawajiban pasti bakal ngarasa hanjakal pas dina nyanghareupan ajal, sarta menta umurna supaya diperpanjang atawa dibalikeun deui kaalam dunya sanajan ngan sakeudeung pikeun tobat heula sarta migawe sakabeh amal anu geus kaliwat. tapi geus katalanjuran ceuk pari basamah nasi sudah menjadi bubur, kadar teu beunang disinglar takdir teu beunang dipungkir, maranehanana pasti bakal ngarasa hanjakal kusabab polahna waktu di dunya.


Sedengkeun ari jalma-jalma kafirmah beda deui ngomongna teh, sakumaha anu dicarioskeun ku Allah SWT dina surat Ibrohim ayat 44:

وَأَنْذِرِ النَّاسَ يَوْمَ يَأْتِيهِمُ الْعَذَابُ فَيَقُولُ الَّذِينَ ظَلَمُوا رَبَّنَا أَخِّرْنَا إِلَى أَجَلٍ قَرِيبٍ نُجِبْ دَعْوَتَكَ وَنَتَّبِعِ الرُّسُلَ أَوَلَمْ تَكُونُوا أَقْسَمْتُمْ مِنْ قَبْلُ مَا لَكُمْ مِنْ زَوَالٍ

Halaman:

Editor: Ahmad


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x