LINK DOWNLOAD Khutbah Jumat Ramadhan 2023 PDF Bahasa Sunda Lengkap

- 31 Maret 2023, 05:30 WIB
Link download khutbah Jumat Ramadhan 2023 PDF Bahasa Sunda lengkap dengan penjelasan tentang tradisi puasa pada umat zaman dahulu
Link download khutbah Jumat Ramadhan 2023 PDF Bahasa Sunda lengkap dengan penjelasan tentang tradisi puasa pada umat zaman dahulu /UNSPLASH/Raka Dwi Wicaksana

Dina Tafsir Ath-Thabari oge diuningakeun, puasa ‘Asyura kantos deui dilaksanakeun ku Nabi Nuh a.s. sawaktos lungsur kalayan salamet tina kapal anu ditumpakannana. Teu hilap, anjeuna marentah ka para panumpang sanesna, kanggo ngiringan puasa keur nunjukkeun rasa syukur ka Alloh swt.  

Saterasna, puasa umat-umat baheula tiasa dilacak ngalangkungan pidawuh Kangjeng Rosul saw. sawaktos ditaros ku hiji pameget,

“Kumaha numutkeun salira, perkawis jalmi anu puasa sadinten sareng buka sadinten?” Mantenna ngawaler, “Eta puasana dulur kaula, Dawud as.”  

Dina hadis sanesna, anjeuna ngadawuh:

أَفْضَلُ الصَّوْمِ صَوْمُ أَخِي دَاوُدَ، كَانَ يَصُومُ يَوْمًا وَيُفْطِرُ يَوْمًا      

Hartosna, “Pang hade-hadena puasa nyaeta puasa dulur kaula, Dawud as. Anjeuna puasa sapoe jeung buka sapoe, (H.R. Ahmad).  

Baca Juga: 10 Rekomendasi Nama Bayi Perempuan Lahir Bulan Ramadhan 2023

Dumasar kana hadis eta, Nabi Dawud a.s. gaduh  kebiasaan puasa selang sapoe. Salajengna puasa eta disunahkan ku Kangjeng Rosul saw. ka umatna, saperti halnya puasa ‘Asyura jeung puasa “ayyamul bidh”.  

Tina sadaya uraian eta, tiasa disimpulkeun yen ibadah puasa parantos dilaksanakeun ku umat-umat baheula. Sedengkeun waktu, cara, sareng lamina beda-beda, sapertos puasa Nabi Dawud as, puasa ‘Asyura umat Yahudi, puasa ayyamul bidh anu kantos dipidamel ku Nabi Nuh as, Nabi Adam as, oge ku Kangjeng Rosul sateuacan lungsur parentah puasa Romadon.  

Sapertos kitu puasana para nabi oge umat kapungkur. Mudah-mudahan urang sadayana tiasa ngarenungkeunnana. Mudah-mudahan sing nambih-nambih kayakinan oge kakiatan urang sadaya dina ngalaksanakeun ibadah puasa, sareng amal ibadah sunah sanesna. Tujuan tina eta ibadah puasa, nyaeta keur ngahontal martabat takwa Kanu Maha Kawasa. Malah mandar urang kenging kabagjaan duna jeung akheratna. Amin ya robbal alamin.

Halaman:

Editor: Ahmad


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah