Khutbah Jumat 18 November 2022 Bahasa Sunda Bisa Convert ke PDF,

- 18 November 2022, 03:00 WIB
Teks khutbah Jumat 18 November 2022 Bahasa Sunda format PDF dan word untuk para khotib di bulan rabiul awal ini/ilustrasi
Teks khutbah Jumat 18 November 2022 Bahasa Sunda format PDF dan word untuk para khotib di bulan rabiul awal ini/ilustrasi /Pixabay

1. Ngagaduhan jiwa anu kuat, tabah mayunan sagala rupa kajadian, sarta katenangan anu memang pohara pentingna pikeun hirup di dunya teh.  Umpama jalma jiwana henteu tenang, pikiranna kalang kabut, padamelanana oge moal beres. Bandanna gampil kaserang panyakit jeung sajabina.

2. Cahaya hate anu caang ku nur ilahi anu bakal ngajurung kana katakwaan ka Allah swt. Serta salamina kenging panangtayungan ti mantenna sareng rea-rea deui. Ku ayana iman kana poe aherat, hartina bakal aya pangwales kana sadaya amal urang, tinangtu mangrupikeun panahan napsu anu angkara murka, sadaya tingkah laku urang tiasa tambih sae, moal wanton jail kaniaya, atawa ngarogahala ka papada manusa, malah ka sasatoan oge wantun nyiksa, malah timbul rasa nyaah. Tah kitu hikmahna iman kana poe aherat.



قَدْافْلَحَ الْمُؤْمِنُوْنَ. اَلَّذِيْنَ هُمْ فِصَلاَتِهِممْ خَسِعُوْنَ. وَالّذِيْنَ هُم عَنِ الَّلغْوِمُعْرِضُوْنَ,وَالَّذِيْنَ هُم لِلزَّكَاةِفَاعِلُوْنَ.وَالَّذِيْنَ هُمْ لِفُرُوجِهِمْ حَفِضضٌوْنَ. اِلاَّعَلَى اَزْوَاجِهِمْ اَوْمَامَلَكَتْ اَيْمَانٌهُمْ فَاِنَّهُمْ غَيْرُمَلُوْمِيْنَ.(المؤ منون:1-6)

 

Hartosna: Satemenna bakal baragja jalma-jalma mu’min. nyaeta jelema-jelema anu solatna harusu. Jeung jelema anus ok ngaralieus tina pagawean anu henteu aya gunana. Jeung jelema-jelema kana zakatna sok marigawe. Jeung jelema-jelema sok ngaraksa fajina (tina zinah), anging ka pamajikannana atawa ka amatna tah eta mah henteu dicela.” Para hadirin sadaya, Ieu dawuhan Allah teh ngandung arti, yen sangkan meunang kabagjaan kudu iman bener-bener ihlas ka Allah henteu kacampuran ku musrik serta dibarengan ku amal soleh. araria maloleh the aya anu patali jeung batin, aya anu patali jeung lahir. 

1.1. Anu tumali jeung batin(hate), ku cara ngaberesihan jiwa tina rupa-rupa kokotor, saperti: kadedemes kana harta banda, gumede, pupujieun, dengki ka batur, telenges ka batur, ujub riya, medit, ngunek-ngunek jeung sipat anu goring sejenna jeung kudu ngeusian jiwana ku sipat-sipat ka utamaan, saperti: ngalobakeun dikir (eling) ka Allah, sukur kana ni’mat, sabar kana musibat, tawekal, ihlas beramal, isin ku Allah, ngarep-ngarep rohmat Allah, handap asor, nyaahan, welas asih, berehan, mikacinta ka Allah ka Rosulullah jeung sajaba ti eta sakumaha anu diterangkeun dina kitab tasawuf.

Baca Juga: Contoh Puisi Bahasa Sunda, Cocok Dibacakan di Kelas Maupun Acara Pentas Seni

1.2. Anu tumali jeung pagawean lahir, kanyaning; ngaberesihan badan, tina najis, atawa hadas, ngalakonan rukun islam anu lima perkara, ngurus mayit, sidekah, tulung-tinulung ka sasama mahluk Allah, neangan harta anu halal, amar ma’ruf nahyil-munkar, miara budak yatim, ngamumule tempat ibadah, tempat pangajian, ngadidik kulawarga jeung tatangga, ngabela kapentingan jeung kamaslahatan umum, ngabarantas kamungkaran saperti : palacuran, pamaenan, pamabokan jeung kakacowan, taat ka indung-bapana dina hal-hal anu henteu pasalia jeung pangaturan agama jeung sajaba ti eta sakumaha anu di terangkeun dina ajaran islam anu pohara kumplitna tingal ngajina bae.

Mugi-mugi gusti Allah masihan topek sareng hidayah-na ka urang sadayana sangkan urang tiasa ngamalkeun leres-leres kana hukum-hukum Allah. Aaamiiin!

جَعَلْنااللهُ وَاِيَّاكُمْ مِنَ الْفَائِزِيْنَاْلاَمِنِيْنَ وَاَدْخَلَنَاوَاِيَّاكٌمْ فِيْ زُمْرَةِالْمُوَحِّدِيْنَ،بَرَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ بِاْلاَيَاتِ وَالذِّكْرِالْحَكِيْمْ وَتَقَبَّلَ مِنِّ وَمِنْكُمْ تِلَاوَتَهُ انَّهُ هُوَالسَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ وَقُلْ رَبّ اغْفِروَارْحَمْ وَاَنْتَ خَيْرُالرَّاحِمِيْنَ اَمِيْنَ يَارَبَّ الْعَالَميْنَ وَيَامُجِيْبُ السَّائِلِيْنَ.  

Khutbah II

Halaman:

Editor: Sauqi Romdani


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah