Khutbah Jumat 18 November 2022 Bahasa Sunda Bisa Convert ke PDF,

- 18 November 2022, 03:00 WIB
Teks khutbah Jumat 18 November 2022 Bahasa Sunda format PDF dan word untuk para khotib di bulan rabiul awal ini/ilustrasi
Teks khutbah Jumat 18 November 2022 Bahasa Sunda format PDF dan word untuk para khotib di bulan rabiul awal ini/ilustrasi /Pixabay

بِهَااُلَئِكَ كَاْلاَنْعَامِ بَلْ هُمْ اَضَلُّ وَاُلَئِكَ هُمُ اْلغَفِلُوْنَ(الاعراف .179) 

 

Hartosna: “jeung demi satemenna kaula geus nyieun pikeun eusi Naraka Jahanam the nyaeta ti kalolobaan jin jeung manusa anu maranehanana ngabarogaan hate tapi heunteu dipake  ngahartikeun kana ayat-ayat allah, maranehanana ngabogaan panon tapi henteu dipkae nempo kana tanda-tanda kakawasaan Allah, maranehanana ngabogaan ceuli tapi henteu diparake ngadengekeun kana ayat-ayat Allah. Ka Ayaan maranehanana teh lir ibarat sato hewan, tapi hakekatnamah leuwih ngaco ti batan sato. Maranehanana jalma-jalma anu mopohokeun atawa anu ngalalaworakeun kana parentah Allah. ( Q.S Al-A’rof: 179).

Baca Juga: 8 Contoh Poster Agama Islam Kartun dengan Referensi Ilustrasi Lucu

Para hadirin sadaya, Peryogi di perhatoskeun, yen:

1. Calon ahli naraka teh ti sarebu urang aya 999 urang

2. Jalma anu jahat leuwih bahaya ti batan sato. Hal ieu tiasa dibuktikeun dina kajadian sadidinteun anu tumiba ka sapalihna jalma anu jahat, anu ingkar kana hukum Allah.

Mangpirang-pirang jalma anu carilaka, anu sangsara ku lampahna sorangan, kadang kala maotna oge tara aya anu ngurus. Malah masyarakat aratoheun ku maotna. Tapi sato hewan anu galak, terus dipeuncit, aya keneh manfaatna, boh dagingna, kulitna jeung sajabana ti eta.

Para hadirin sadaya, Sangkan manusa tiasa tetep aya dina kamulyaan boh di dunya sumawona di aherat, Gusti Allah kalawan rohmat-na anu agung parantos masihan pituduh kieu:



لَيْسَ الْبِرَّاَنْ تُوَلُّوْاوُجُوْهَكُمْ قِبَلَ الْمَشْرِقِ وَالْمَغْرِبِ وَلَكِنَّ الْبِرَّمَنْ اَمَنَ بِاللهِ وَاليَوْمِ اْلاَخِرِوَالْمَلَئِكَةِوَالْكِتَبِ وَالنَّبِيِّنَ وَاَتَى الْمَالَ عَلَى حُبِّهِ ذَوِى الْقُرْبَ وَالْيَتَمَى وَالْمَسَكِيْنِ وَابْنِ السَّبِيْلِ،وَالْمَسَّائِلِيْنَ وَفِى الرِّقَابْ،وَاَقاَمَ الصَّلَوةَوَاَتَى اَتَى اَلزَّكَوةَوَالْمُوفُوْنَ بِعَهْدِهِمْ اِذَاعَهَدُوْا،وَالصَّبِرِيْنَ فِى الْبَأْسَاءِوَالضَّرَّاءِوَحِيْنَ الْبَأْسِ،اُوْلَئِكَ الَّذِيْنَ صَدَقُوْا،وَاُوْلَئِكَ هُمُ الْمُتَّقُوْنَ.(البقرة:177)

Hartosna: “henteu hade pagawean maraneh sakapeung nyanghareupan beungeut (jiwa) maraneh ka beulah  weta jeung sakapeung ka kulon, tapi anu hade mah nyaeta kalakuan jalma mu’min ka Allah jeung ka poe Ahir jeung Malaikat jeung kana Kitab jeung ka para Nabi Allah jeung sok daek nyideukahkeun harta bandana sanajan maranehanana oge reusepeun ( lebareun), ka karabatna, ka barudak yatim, ka pakir miskin ka barudak anu keur nyaraba, ka nu baramaen  jeung ka abid anu mayar nyicil ka dununganana jeung sok ngalobakeun solat, ngaluarkeun zakat jeung nu sok nyumponan kana janjina dimana manehanana jarangji jeung anu salabar  nalika meunang kasusah atawa kamiskinan, nalika gering jeung keur nalika perang campuh. Tah anu karitu the jalma-jalma tarakwa ka Allah.”

Baca Juga: Soal dan Jawaban Tentang Bahasa Sunda Kelas 7 Semester 1, Lengkap Beserta PDF Siap Cetak

Para hadirin sadaya,

Perlu diemutkeun yen ku ayana percaya kana ayana Allah sareng sipat-sipat kasampurnaannana, urang bakal tiasa:

Halaman:

Editor: Sauqi Romdani


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah