3+ Fiksimini Sunda Tentang Sakola dengan Tema Pendidikan, Beda dari Cerpen

- 9 Oktober 2023, 00:30 WIB
3+ Fiksimini Sunda Tentang Sakola dengan Tema Pendidikan, Beda dari Cerpen
3+ Fiksimini Sunda Tentang Sakola dengan Tema Pendidikan, Beda dari Cerpen /pexels/john diez

SUMENEP NEWS - Berikut fiksimini Sunda tentang sakola dengan tema pendidikan yang berbeda dari cerpen (cerita pendek).

Contoh fiksimini Sunda tentang sakola memiliki cerita yang singkat, umumnya tidak terdiri dari ribuan kata.

Menulis fiksimini Sunda tentang sakola bukan berdasarkan kisah nyata.

Baca Juga: Korban Jiwa Konflik Israel - Palestina 580 Orang, Benjamin Netanyahu: Perang Lawan HAMAS

Penasaran perihal fiksimini Sunda tentang sakola serta serba serbi pengetahuan soal ini?

Sebagaimana namanya istilah tersebut berasal dari kata "fiksi" dan "mini".

Fiksi berarti cerita fiktif sedangkan mini lebih berkaitan dengan cerita yang sangat pendek.

Sumenep News melansir dari laman Balai Bahasa Provinsi Jawa Tengah menemukan bahwa fiksimini juga dikenal dengan berbagai nama.

Misalnya nama yang cukup populer di tanah air ialah flash fiction alias fiksi kilat.

Baca Juga: LINK Download Twibbon Bulan Bahasa Indonesia 2023 Lengkap dan Praktis Sekali

Kemudian dalam bahasa Prancis dikenal sebagai nouvelles, lalu di Jepang lebih populer dengan nama cerita kartu pos, sedangkan di Amerika adalah nano fiction, sudden fiction, atau micro fiction.

Ada banyak fiksimini telah ditulis dalam berbagai bahasa dan tema, salah satunya fiksimini Sunda tentang sakola sebagai berikut:

1. Judul: Bekel Sakola

SAMI sareng Nita. Tini mah ku Mamahna, sadinten téh sok dibekelan lima rébu. Éta téh acan ti Apana.

Saterang abdi, Apa Tini sareng Apa Nita, damelna di kantor. Pami ameng ka pérum, ka bumi Tini sareng Nita. Apana sok masihan artos.

Baca Juga: Sejarah Bulan Bahasa Indonesia 2023 : Memelihara Persatuan dan Menghubungkan Suku

Aya sarébu, aya dua rébu. Malih, tilu rébu ogé kantos. Bageur pokona. Pami Euis kumaha? Euis mah karunya.

Bujeng-bujeng aya nu masihan bekel. Mamah sareng Apana ogé tos teu aya. Maot, waktos Euis nuju alit.

Artos pamasihan Apa Tini sareng Apa Nita téa, ku abdi sok dipasihkeun ka Euis. Muhun, sapalih kanggé bekel, sapalih kanggé nabung.

Hawatos tuda, mulungan waé buku, sapatu, sareng acuk tilas abdi mah, bilih isineun.

Pami abdi kumaha? Abdi mah alhamdulillah, ti aalit ogé tos diajar mandiri. Sok sanaos masih kénéh gaduh Ema sareng Bapa.

Baca Juga: Sejarah Bulan Bahasa Indonesia 2023 : Di Cipta Untuk Persatuan Manusia

Abdi mah tos langki ukeun bekel. Da unggal dinten, unggal uih sakola, abdi mah sok icalan koran di Masjid Agung.

2. Judul: Hirup Sempit Jeung Lapang

Kungsi kuring sababaraha poe asa males pisan kana sakola jeung diajar teh. Sakola kabeurangan jeung di imah henteu diajar.

Datang ka sakola ngadadak diayakeun ulangan, kuring kalahka ngahuleng nempokeun kertas soal ulangan, boro boro bisa ngajawab.

"Amir!, kunaon anjeun kalahka ngahuleng?, lain dipigawe eta soal ulangan?", Ibu guru nanya, sanajan Ibu Guru nanyana teh bari seuri, tapi rarasaan mah asa sedih jeung era.

Baca Juga: Buntut TikTok Shop Tutup, Influencer Bongkar Praktik Fake Buyer Para Owner dan Reseller

Harita kuring ngarasa, geuning rarasaan henteu ngeunah jadi jalma anu euweuh kabisa teh.

Sabot ti harita kuring ngabogaan tekad moal daek deui-deui jadi jalma anu euweuh pangabisa. Kuring asa kapecut pikeun diajar soson-soson.

Dina ahir semester kuring ngarasa kaget tapi bungah waktu kuring kasebut jadi juara kelas.

"Amir!, selamat nya!, anjeun dina ahir semester ieu jadi juara kelas!", kitu ceuk Ibu Guru bari seuri, kuring kacida bungahna.

Beda pisan geuning karasana, waktu euweuh pangabisa, teu puguh rarasaan, aya rasa sedih jeung hanjakal, taya babaturan anu daek ngadeukeutan.

Tapi waktu disebut jadi juara kelas, hate karasa bungah, babaturan oge ngadak-ngadak pada ngadeukeutan.

Baca Juga: BMKG: Hujan Lebat dan Karhutla di Indonesia Terjadi Di Wilayah Ini, Daerahmu Masuk?

Kitu geuning hirup di dunya mah, mun keur sempit karasana teh sempit pisan, tapi lamun keur lapang karasana teh lapang pisan.

3. Judul: Lulus Teu Ujian

Kirining hapé disada. Asep nguniang cengkat ngarongkong hapé dina méja. Sakola peré dua ahad. Manéhna atoh kacida.

Tuluy nyampeurkeun indungna nu keur poe seuseuhan di buruan. Asep hariweuweus bébéja.

Indungna teu percaya kitu baé. Sabab kapan sakeudeung deui ogé ujian kalulusan.

“Naha peré lila-lila teuing?” ceuk indungna panasaran. Asep geuwat nembongkeun WA ti guruna.

“Tuh nya Mak, saur Bu Guru ogé diajar heula dibumi 14 dinten” Asep ngayakinkeun ka indungna.

Baca Juga: Menggunakan Jasa Fake Buyer Apakah Aman? Simak Penjelasan bagi Para Reseller

Sanggeus kitu mah indungna kakarék percaya. “Lain peré ieumah, tetapi diajar di imah keur nyingkahan ambéh teu katépaan corona”, indungna méré pamahaman. Asep mah can ngartieun.

Dina pikirna diajar di imah jeung peré sarua baé. Sanggeus béak waktu dua ahad. Asep nampa deui béja anu sarua.

Ti harita diajar di imah nepika mang bulan-bulan. Antukna ngarasa kaluman teu mampu kamamana.

Teu kungsi cobaan teu naon. Asep nyaho-nyaho narima surat kalulusan ti sakola.

Sanggeus maca surat kalulusan. Indungna tuluy neuteup ka Asep bari nyarita.“Anu pasti mah iwal papastén ti Gusti”.

Asep tungkul. Aya rasa hanjelu dina haténa. Kaduhung teu soson-soson harita keur laluasa kénéh sakola.

4. Judul: Milari

Murangkalih nu pangalitna yuswa 4 taun kènging pakanci ti sakola. Asa janten buah simalakama. Dikantun di bumi nyalira palaur, ari dicandak berabè.

Baca Juga: Keuntungan Menyewa Jasa Fake Buyer di TikTok Shop, Apa Saja Sih?

Saatos sawengi jeput badanten sareng carogè, dicandak putusan, Si bungsu samentawis ngiring ka tempat damelna carogè.

Shubuh kènèh murangkalih tos gugah, netepan teras ibak nyalira. Sarapan teras angkat sareng bapana.

Pasosonten si bungsu uih, katingal rarayna alum, teu jiga ènjing – ènjing nu jigrah tur lincah.

“Kunaon nèng, manyun waè?”

Teu aya walèran, ngadon ngagidig ka enggon. Nangkuban dina kasur. Bapana ngawaler, “Tadi meuni isin di kantor, mèja nu rèrèncangan ogè meja ibu bos diawut-awut, saurna milari artos”

Uing ngagebeg, naha murangkalih janten kitu. Kedah ditalèk ieu mah, “Nèng naha tadi ngabongkaran mèja Abi ogè mèja bosna Abi?”

Baca Juga: Kegiatan dan Lomba Bulan Bahasa 2023 Jenjang SMA dan SMK, Pas Sekali Untuk Kakak OSIS

Si bungsu bari ingsreuk-ingsreukan nyarios, “Mung bantos Abi milari artos, pan upami biasana Abi nyarios ka kantor tèh milari artos, tapi tadi teu mendak, kalahka Ènèng diseuseulan.”

Demikian beberapa contoh fiksimini sunda tentang sakola singkat untuk tulisan tema pendidikan.***

Editor: Sauqi Romdani

Sumber: Berbagai Sumber


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah