Hapunten upami ieu acara masih tebih tina kasampurnaan, mudah-mudahan samudaya kakirangan tiasa dilereskeun dina mangsa nu bakal datang.
Mudah-mudahan dina miéling Maulid Nabi ieu urang sadaya tiasa ningkatkeun kaimanan sareng kataqwaan ka Allah SWT kalayan nyonto Nabi Muhammad SAW.
Nyonto ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW hartosna urang nuju milampah ka surga Allah. Sabab Kangjeng Nabi Muhammad saw gaduh akhlak anu sampurna anu kedah diconto.
Mudah-mudahan momen Maulid ieu tiasa janten titik balik urang dina ngajalanan kahirupan anu ngeunteung ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW.
Baca Juga: 7 Fadhilah atau Keutamaan Perayaan Hari Maulid Nabi 2023, Hari Kelahiran Nabi Muhammad SAW
Panginten sakitu anu tiasa kuring dugikeun. Hapunten bilih aya kakhilafan sareng kalepatan.
Wassalamu'alaikum Wr. Wb.
***