Contoh Sambutan Kepala Sekolah Perpisahan Bahasa Sunda SIngkat Jenjang TK, SD, SMP dan SMA

- 18 Juni 2023, 14:31 WIB
Contoh sambutan kepala sekolah perpisahan Bahasa Sunda jenjang sekolah TK, SD, SMP dan SMA bisa Word, Doc, dan PDF secara singkat dan jelas
Contoh sambutan kepala sekolah perpisahan Bahasa Sunda jenjang sekolah TK, SD, SMP dan SMA bisa Word, Doc, dan PDF secara singkat dan jelas /pexels.com/Pavel Danilyuk/

Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah Illahi Robbi. Alhamdulillah wasyukurilah, Laillahhailallah, Subhanallah dina danget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni upacara Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar salami tilu taun.

Bapa kalih Ibu, hadirin hormateun sim kuring

Mungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelat. Asa kamari keneh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay deui.

Sim kuring saparakanca kedah miang deui neraskeun sakola, ngahontal harepan sareng cita-cita.

Baca Juga: Contoh Sambutan Bunda PAUD Pada Acara Perpisahan Sekolah Terbaru, Lengkap dan Singkat

Kantenan wae salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di dieu, di sakola urang nu genah pikabetaheun, sim kuring saparakanca diajar neangan elmu.

Ruang riung boh di kelas boh dina rupa-rupa kagiatan bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng rerencangan.

Tangtos bae eta sadayana bakal janten panineungan nu moal kahihilapkeun. Atuh kasaean Bapa kalih Ibu Guru sadaya, elmu pangaweruhna anu didugikeun ka sim kuring saparakanca tangtos bakal nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan sorangeun.

Pamugi elmu nu katampi sing janten mangpaat kanggo abdi saparakanca.

Saterasna pirang-pirang kasaean Bapa kalih Ibu, sim kuring saparakanca teu tiasa males eta kasaean, mung tiasa ngedalkeun dua, pamugi rupining elmu sareng katiasa anu parantos dipaparinkeun, kenging ganjaran anu mangtikel-tikel ti Allah Ala Wa Zalla. Amin

Halaman:

Editor: Sauqi Romdani

Sumber: Berbagai Sumber


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah