Cerita Dongeng Bahasa Sunda Unta Hidup di Gurun Pasir Terbaru, Cerita Rakyat Singa Menjadi Raja Hutan

- 4 Maret 2023, 18:09 WIB
Cerita Dongeng Bahasa Sunda Unta Hidup di Gurun Pasir Terbaru/ilustrasi
Cerita Dongeng Bahasa Sunda Unta Hidup di Gurun Pasir Terbaru/ilustrasi /Mantra Sukabumi /FreeImages

Dina hiji wanci, aya kariaan di leuweung. Nyaeta ngarayakeun Sakadang Singa jadi Raja Leuweung. Monyet anu katelah pinter ngibing, dipiwirangan ngahibur Raja Leuweung jeung sadaya rahayat Leuweung anu ngilu ngarayakeun kapilihna Singa harita. Aya kuda, manuk gagak, oray, peucang, bagong, anjing, sapi, onta, buaya, jeung sasatoan nu sejenna.

Monyet ngibing ditabeuhan ku gamelan saaya-aya anu ditabeuh ku kuda, embe, sapi, bagong jeung anjing. Anjing niup suling tina awi koneng, sapi nabeuhan kendang nu dijieun tina kayu saya-aya, embe ngaadukeun batu nepi ka jadi hiji irama, ari anjing manehna metik kacapi nu ceunah meunang nimu urut manusa. Monyet ngibing matak pikaresepeun sakur sasatoan anu harita ningali ngiring ngariung didinya. Sakabeh sato anu nongton harita pada muji kana kabisa Monyet ngibing jaipongan.

Ningali kitu, Sakadang Onta ngadadak sirikkeun. Antukna Sakadang Onta teh maju kahareup nu maksudna deuk nurutan ngibing jaipong siga Sakadang Monyet. Sakadang Onta kalayan euweuh kaera ngibing nurutan monyet. Kulantaran awakna gede jeung sukuna jangkung, tungtungna ibingan Sakadang Onta jadi teu pararuguh siga nu keur mabok arak. Awakna neunggar kaditu kadieu nabrak sasatoan anu sejenna. Kaayaan anu tadina suka cita jadi teu pararuguh lantaran loba sato anu kateunggar ku onta nu ngibingna siga nu keur mabok.

Baca Juga: Sebentar Lagi Munggahan! 5 Rekomendasi Makanan dan Minuman untuk Munggahan 

Para sasatoan kacida keuheul naganggap Sakadang Onta jadi pengacau. Harita keneh Sakadang Onta pada diusir ku sasatoan nu harita keur nongton. Kaassup Sakadang Singa, ambeukkeun pisan. Manehna ngagaur ngilu ngusir Sakadang Onta sangkan incah ti dinya ulah pipilueun ngiggeul sagala.

Ngarasa diusir, Sakadang Onta nyerieun hate. Manehna ceurik ngabingingik ninggalkeun leuwueng nu luwang Liwung. Indit ka gurun pasir. Ti saprak harita Sakadang Onta maceuh cicing di gurun teu balik deui ka leuweung. Alatan nyeri hate sapedah diusir.

Demikian paparan dan penjelasan cerita dongeng bahasa sunda terbaru dengan judul unta hidup di gurun pasir.***

Halaman:

Editor: Sauqi Romdani


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah