Rani : Mangga ka jero, eh loba babaturan. Puntennya ieu imahna sempit kieu.
Didi : Ah sarua wae. Punten oge ieu jadi ngarepotkeun rani.
Rana : Ah teu kunanaon malah mah urang resep maraneh ulin ka imah urang jeung hayang ninggali karya urang anu laina.
Baca Juga: Contoh Dongeng Bahasa Sunda Prabu Siliwangi, Cerita Rakyat Masa Kerajaan Pajajaran
Ana : Maneh emang hebat ran! Puisi sunda anu kumaneh jieun alus kacida nu dipajang di mading sakola, loba siswa anu maracana kuat calerik di dinya keneh.
Rani : Ah, bisa wae maneh ana. Urang ge masih diajar keneh. Karya urang masih eweh nanaonan lamun dibandingkeun jeung karya sastrawan laina.
Anya : Lamun terus di asah, iraha-iraha ge maneh pasti bisa nyaingan sastrawan nu kakoncara laina ran, urang yakin eta.
Zahra : Oh, Heuh urang hayang ningali karya-karya maneh nu laina ran, kajeun?
Ernita : Sakalian oge urang hayang belajar ka maneh, supaya nilai palajaran sastra urang-urang bisa naraek.
Fina : Urang oge hayang diajarkeun nyieun puisi sunda nu alus supaya engkena lamun aya ujian sastra urang teu hese-hese amat.