Contoh Artikel Bahasa Sunda Tentang Pendidikan, Teknologi, dan Kesenian Angklung

- 17 Januari 2023, 19:32 WIB
Teks contoh artikel bahasa Sunda seputar pendidikan, teknologi dan kesenian jaipong, kesenian angklung, makanan, saloka, kebudayaan, Covid/ilustrasi
Teks contoh artikel bahasa Sunda seputar pendidikan, teknologi dan kesenian jaipong, kesenian angklung, makanan, saloka, kebudayaan, Covid/ilustrasi /mindandi/freepik.com

Kop tangan masalahkan pecahkeun solusinya loba pisan permasalahan di Indonesia mah kawas masalah sampah, banjir, longsor, jst tah aya oge masalah nu Liana kawas di wc bau. Tah gara gara masalah nu aya eta bisa nyieun nambahan elmu pangaweruh kusabab Sok maraneh neangan solusinya ulah saukur, nganikmati masalah nua Ayana.

Kasimpulanana kieu kop nyiar Jeung nyieun elmu sabab geus jadi kewajiban salarea, inget urang hirup di Dunya kudu mangfaat, tah lamun anjeun boga elmu oge Sok geura bagikeun elmuna, inget elmu nu mangfaat nyaeta amal anu moal eureun ngocorna.


Artikel Bahasa Sunda Teknologi

Ari Teknologi informasi dina mangsa kiwari teh geus jadi pangabutuh nu moal bisa dipisahkeun dina kahirupan masarakat di kota atawa di desa. Lain ngan ukur jalma nu boga kapentingan husus di widang bisnis atawa urusan penting sejena, tapi barudak sakola oge geus diwanohkeun jeung eta teknologi, nu dipiharep sangkan bisa ngigelan jaman teu katinggaleun kalindes ku wanci nu beuki maju.

Baca Juga: Soal dan Jawaban PAS Bahasa Sunda Kelas 4 SD / MI Ajaran 2022 - 2023, Pupujian

Sumebarna teknologi bisa mawa pangaruh nu hade jeung bisa nimbulkeun pangaruh nu goreng, hal eta gumantung ka jalma nu ngagunakeun teknologina. Rupa-rupa tina wujud hasil teknologi contona diantarana bae komputer, laptop, smartphone, jeung sejenna, di lingkungan barudak sakola eta tilu ngaran teh geus teu aheng deui.

Lantaran eta barang geus jadi pangabutuh anu teu saeutik meakeun waktu jeung waragad, temahna bisa ngalantarankeun barudak sakola poho kana waktu nu utama keur diajar, tepi teu sakabehna kitu aya oge nu ngamanpaatkeun eta teknologi keur kaperluan diajar di sakolana.

Kaparigelan nonoman dina ngakolakeun eta teknologi kawilang nyongcolang upamana seug lamun dibandingkeun jeung kolot-kolotna. Tapi dumasar kana hal eta, kolot barudak kudu taliti tur surti dina nalingakeun ketakna barudak ulah nepika salah lengkah tur pamolah, ku alatan teknologi anu salah ngalarapkeunanana.

Teu kurang ti welasan warnet nu ngadeg meh disaban tempat, warnet-warnet kasebut baris nedunan pangabutuh barudak sakolah pikeun kaperluan diajar atawa migawe tugas pikeun nu can ngabogaan komputer atawa leptop di imahna sorangan.

Teu saeutik balukar anu goreng ti informasi teknologi kiwari nu tumerapna ka rumaja, geus loba kajadiana anu kaalaman ku rumaja alatan internet misalna bae jadi malesna diajar, runtagna mah dijadikeun pintonan nu teu payus keur barudak, jual beli barang haram jeung lain sajabana.

Halaman:

Editor: Sauqi Romdani

Sumber: Berbagai Sumber


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x