Contoh dongeng bahasa sunda singkat
Asal Muasal Oleced
Kira-kira taun 1860 an,Pamarentah Hindia walanda ngayakeun nyiyeun jeung ngalebaran jalanantara Kuningan_Ciawigebang.
Wahangan Ciliwung pindah ka belah kidul jalan Luragung.,sedengkeun pelokan nu di sebut pertelon pindah ka tikungan Oleced(ayeuna) dilanjutkeun ku gawe paksa(rodi) pepelakan kopi,harita teh desa danasuka diganti jaadi manggari ku kompeni walanda nu keur nyiyeun peta pikeun nyiyeun jalan. Adapun kajadian ceuk jama kolot baheula sapertos kiyeu:
Dihiji poe aya sarombongan patrol kompeni nu keur ngontrol naek kuda dating ti belah kaler,ka Pertelon Manggari.Nembe oge nepi di wahangan ciporang,sadaya kudana kacapean,didinya kompeni aristirahat.Saurang komando kompeninyauran salah saurang warga Manggari,maksud pikeun nanyakeun kaayaan daerah eta jeung name daerah iyeu tempat make basa anu teu dipikaharti ku rahayat. KAbeneran kompeni eta lempangna ingsud-ingsudan kusabab dina sampeana aya raheut.
Baca Juga: Inilah Arti Kata ‘Poma-Poma’ dalam Bahasa Sunda, Kini Sedang Viral Ternyata Ini Artinya
Teu diduga salah saurang sespuh rahayat Manggari ngawanikeun diri maju kusabab ngira yen eta kompeni menta tulung saentosna kompeni caket ka sesepuh anjeuna tumaros deui, “Iyeu kampong naon?” ngangge logat basa melayu dialek Walanda.
Kapaksa sesepuh eta saking ku teu ngartosna patarosan eta kompeni anu di ajukeun ka manehna, anjeuna jug nagog wae ningal raheut din sampean eta kompeni. Ujug-ujug si sesepuh eta the nyarios “Oh Lecet”. Mireung cariosan kitu kompeni katingal sapertos gumbira,terus di catet di bukuna.
Saatos eta, sadaya rombongan kompeni Walanda ngalajengkeun ngontrolka daerah kuningan.
Sataun saatos kajadian eta di jalan pertelon dib ere tanda atawa plang nu di bubuhanku name kampong OLECET.
Sakitu silsilahna, lami kalamian ubah jantenOleced (Pedah Olecet mangrupa dialek Jawa).
Asal Usul Lapangan Ibrahim Adjie
Ditataran sunda loba pisan sajarah sajarah atawa situs situs sajarah perjuangan. Diantawisna dibeulah kidul Kuningan anu jentrena di Desa Citikur Kacamatan Ciwaru aya lapangan bal anu ngandung sajarah.
Sabenerna eta desa can lila jadi desa lamun di itung ti taun 2013 katukang karek 6 taun jadi desa, tadina kaasup ka desa tatangga. Kuperjuangan atawa usaha rahayat dipeukarken jadi desa. Sanajan desa leutik loba pisan situs sajarah disakurilingna diantawisna lapangan bal tea, anu kieu rundayan caritana.
Baca Juga: Kata ‘Tablung’ Ini Sering Diucapkan Saat Kesal, Ternyata Ini Artinya dalam Bahasa Sunda
Ti taun 1950-1951 saentosna Indonesia merdeka rahayat wewengkon kidul kuningan genting riweuh kuseurangan DI TII anu di pimpin ku si Gojim katelahna eta teh disebutna Gorombolan tea. Eta gorombolan gawe na ngabunuh, ngarampog rahayat beurang peuting, rahayat loba nu korban. Tiharita Tentara Indonesia turun anu dipimpin ku Panglima Kodam anu namina Ibrahim Adjie. Tiharita perang campuh beurang peuting ngalawan gorombolan anu sarua mawa sanjata, ahirna rahayat jeung TNI ngahiji ngalawan gorombolan tea anu disebut Gerakan Pager Bitis anu sanjata na ku bambu runcing.
Tina perjuangan eta alhamdulillah ngabuahkeun hasil, gorombolan kateter eleh, kalayan harita keneh turun ti gunung nyerenkeun diri jeung anak buahna. Tentara anu dipimpin ku Ibrahim Adjie ngabuahkeun hasil jeung si Gojim bisa turun nyerenkeun diri tiharita aya kapal helikopter turun ngadarat di lapangan bal eta, pikeun ngangkut si Gojim jeung anak buahna ka bandung pikeun di proses hukum.
Tiharita lapangan bal dingaranan Lapang Ibrahim Adjie pikeun pangeling-ngeling yen aya jasa perjuangan TNI anu dipimpin langsung ku Bapa Panglima Kodam Ibrahim Adjie.
LEGENDA GUNUNG SIANG
Dina zaman baheula,keur zaman legenda Sangkuriang sareng Dayang Sumbi.