Ningsih : “Ih budak teh pikaseubeuleun pisan atuh !!! Hewa, geus goreng ka alo urang !!!”
Midin ngabantingkeun panghapus nu caket bor, barudak didinya rareuwaseun. Midin beuki nyakeutan Fi’ah
Midin : “ Kupingkeun kuring Fi’ah, ti baheula neupika ayeuna, anjeun mah teu pernah robih wae !!! Cing atuh sing peka kana rarasaan kuring salila ieu !!! Hayuh wae egois, egois, jeung egiossssssss !!!” (ngagorowok kana ceupil Fi’ah) “Nyadar teu??? Kuring teh geus sabar ku prilaku anjeun anu hayuh wae judes jeung kasar, kuring sabar ku anjeun tina sagala poyokan, tapi kuring kumaha??? Naon balasan ti anjeun Fi’ah???” L (bari ningalikeun raray Fi’ah)
Mimi terus wae mirintil-mirintil tiungna, Ningsih ngegel biwir, Ipeh jeung Onah cungar ceungir.
Onah : “Sok atuh sok !!!” J
Mimi : “Eh ulah gandeng, ke sakeudap deui geura !!!” (bari nyerengeh) J
Ipeh : “Enggal atuh lami pisan !!!”
Midin : “Kuring kitu soteh pedah BOGOH ka anjeun, kuring NYAAH pisan ka anjeun Fi’ah !!! sing ngarti atuh !!! L
(Fi’ah tungkul ningalikeun tembok)
Onah : “Oh My Gost !!!” (mani tarik)
Ipeh : “Oh My God Onah, euh oon dasar !!! (bari nyungklukeun sirah Onah)
Onah : “Eh uhun tah eta maksud teh !!! (bari pulunyah pelenyeh)
Ningsih “Boga nyali oge alo kuring !!!”
Mimi : “So sweet !!!”
(Midin tuluy indit kaluar ti kelas)