Biantara Bahasa Sunda Pentingya Pendidikan, Cocok Dibacakan di Depan Kelas

- 21 November 2022, 16:00 WIB
contoh biantara bahasa Sunda pentingnya pendidikan untuk disampaikan di kelas sekolah SD, SMP dan SMA yang singkat dan terbaru/ilustrasi
contoh biantara bahasa Sunda pentingnya pendidikan untuk disampaikan di kelas sekolah SD, SMP dan SMA yang singkat dan terbaru/ilustrasi /PIXABAY/sasint

SUMENEP NEWS - Berikut ini contoh biantara bahasa Sunda pentingnya pendidikan, lengkap singkat dan padat.

Salah satu karya tulis di sekolah yaitu biantara bahasa Sunda pentingnya pendidikan, bisa kamu jadikan referensi untuk tugas sekolah.

Biantara bahasa Sunda pentingnya pendidikan ini bisa kamu gunakan untuk pentas di depan kelas, atau pentas seni di sekolah.

Baca Juga: 3 Rekomendasi Kado untuk Hari Guru 2022 Perempuan dan Laki Laki, Sederhana Tapi Bermakna

Di bawah ini contoh biantara bahasa Sunda pentingnya pendidikan yang dapat kamu tiru.

Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Alhamdulillahilladzi an'ama'alaina bi ni'matil iman, wal islam. Asyahadualla ilaha illaloh, wasyhaduanna Muhammadarrosullulah. Allohuma sholi `ala Muhammad wa'ala ali syaidina Muhammad amma ba'du.

Kapala Sakola anu kusimkuring dipihormat , Bapa/Ibu Guru anu kusimkuring di pihormat, sareng rerencangan sadaya nu kusimkuring dipiheman.

Puji syukur urang sanggakeun kanu maha kawasa anu tos ngalimpahkeun rahmatna ka urang sadaya, alhamdulillah dina dinten ieu tiasa kempel didieu dina kaayaan sehat walafiat.

Baca Juga: Arti Gambar Monyet Pake Jas Hujan Ijo di Google, Ternyata Oh Ternyata

Teu hilap solawat sinareng salam mugia salamina kacurah limpahkeun kajunjungan urang sadaya nya eta Nabi Muhammad SAW, oge ka para kulawargina, ka para sohabatna, sareng ka urang sadaya salaku umatna dugi ka akhir jaman.Aamiin yaa rabbal'alamin.

Dina kasempetan ieu, sim kuring bade ngadugikeun biantara singget nu judulna" Pentingna Pendidikan". Dijaman kiwari pendidikan teh penting pisan, kuayana pendidikan, urang teh jadi bisa jeung ngarti.

Pendidikan oge jadi rencana urang ka hareupna dek jadi naon, ku meunangna elmu tina pendidikan urang tiasa gampang miboga karir atawa urang oge gampang neangan pagawean nu alus pagawean nu dipikahayang ku urang.

Kucara diajar nu junun, nu bener jeung pastina jujur urang pasti bisa jadi jalama nu sukses, miboga prestasi nu cemerlang tur bisa ngabanggakeun bangsa jeung nagara.

Baca Juga: Inilah Arti Kata Jalu dalam Bahasa Sunda, Ternyata Bukan untuk Manusia

Nyiar elmu teh kawajiban kanggo sadaya umat muslim. Ku kituna urang kudu sumanget nyiar elmu pikeun bekel kahirupan.

Sakumaha diriwayatkeun ku Ibnu Majah:

طَلَبُ الْعِلْمِ فَرِيضَةٌ عَلَى كُلِّ مُسْلِمٍ

"Nyiar elmu teh kawajiban pikeun sadayana umat muslim," (HR. Ibnu Majah).

Jalmi nu nyiar elmu oge ku Allah SWT bakal digampilkeun jalana ka surga.

مَنْ سَلَكَ طَرِيْقًا يَلْتَمِسُ فِيْهِ عِلْمًا سَهَّلَ اللهُ بِهِ طَرِيْقًا إِلَى الْجَنَّةِ

"Saha wae nu ngalakukeun perjalanan pikeun nyiar elmu, niscaya Allah SWT bakal ngagampangkeun jalana ka surga," (HR. Muslim).

Baca Juga: Doa Bapa Kami Bahasa Karo untuk Umat Kristiani, Simak Teks Lengkap di Sini

Hadirin hormateun simkuring, rupina cekap sakieu biantara anu didugikeun. Hapunten bilih aya saur teu ka ukur basa teu kareka atanapi ucap anu kirang dina larapna.

Ahirul kalam. Wassalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Demikian contoh biantara bahasa Sunda tentang pentingnya pendidikan yang dapat kamu jadikan referensi.***

Editor: Sauqi Romdani


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah