4 Contoh Mandu Acara Bahasa Sunda Singkat dan Menyentuh Hati

17 Januari 2023, 13:43 WIB
teks contoh mandu acara bahasa sunda singkat tentang acara perpisahan sekolah, isra miraj, ulang tahun, pengajian, kelas 12 format word PDF/ilustrasi /Pixabay.com/HugoAtaide/

SUMENEP NEWS - Inilah teks contoh mandu acara bahasa sunda singkat tentang acara perpisahan sekolah, isra miraj dan acara umum.

Dapatkan teks contoh mandu acara bahasa sunda untuk pembawa acara yang nantinya dibaca.

Adapun contoh mandu acara bahasa sunda sudah tersedia secara lengkap dan terbaru pada hari ini.

Baca Juga: Contoh Naskah Drama Bahasa Sunda Komedi Lucu 4 Orang, Si Gensi Katakluk

pada contoh mandu acara bahasa sunda kali ini, ada 3 pembahasan baik umum maupun juga khusus.

Tentu sebagai MC atau pembawa acara di Jawa Barat akan membacakan teks susunan acara dalam bahasa sunda.

Pembacaan dalam bahasa daerah yang lebih menyentuh dan dipahami oleh masyarakat khususnya orang tua.

Oleh karenanya, sudah disediakan teks contoh mandu acara bahasa sunda yang bisa dicovert dalam PDF.

Baca Juga: Contoh Materi Drama Bahasa Sunda Kelas 9 dan Kelas 12, Genre Komedi Lucu

teks contoh mandu acara bahasa sunda singkat

Assalamu’alaikum Wr. Wb

اَلْحَمْدُ لله الَّذِيْ أَرْسَلَ رَسُوْلَهُ بِالْهُدَى وَدِيْنِ الْحَقِّ، لِيُظْهِرَهُ عَلَى الدِّيْنِ كُلِّهِ وَكَفَى بِاللهِ شَهِيْدًا، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ, وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا رَسُوْلُ اللهِ, اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ, أَمَّا بَعْدُ

Anu ku simkuring dipihormat al mukarrom Bapak Kepala Desa ….
Anu ku simkuring dipihormat Bapak Lurah …
Anu ku simkuring dipihormat Bapak RT/Rw …
Miwah Bapak, Ibu, hadirin sadayana

Tipayun hayu urang sami-sami manjatkeun puja ka dzat Allah anu Maha Kawasa, puji ka dzat Allah anu Maha Suci, sinareng syukur ka dzat Allah anu Maha Ghafur.

Kusabab, kalayan nikmat ti Allah urang sadaya tiasa kumpul mungpulung, paamprok jonghok patepang raray dina raraga kagiatan (…)

Salajengna, sholawat sinareng salam mugia salamina terus ngalimpah ka junjunan urang sadaya, nayeta Nabi Muhammad SAW, ka para kulawargina, ka para Sahabatna, ka para tabiin tabiatna oge pamudah-mudahahn dugi ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat sareng tumut kana ajaranna.

Baca Juga: Contoh Pidato Bahasa Sunda Tentang Kebersihan, Cocok Dijadikan Bahan Tugas Sekolah

Hadirin sadaya anu ku Simkuring dipihormat,

Simkuring dina raraga acara ieu, ditugaskan jadi MC atawa pangjajap acara. Kumargi kitu, sateuacan ieu acara (...) di buka, nyuhunkeun widi kanggo maoskeun sababaraha acara anu baris dipidangkeun.

- Pembukaan
Maoskeun Basmalah
Maos ayat suci Al Quran

- Sambutan-sambutan

- Acara inti, Pangaosan anu bade didugikeun ku Ustadz (...)

- Maoskeun Doa

- Panutup

Bapak Ibu, miwah para hadirin sadayana,

Supados teu nyangkolong teuing kana waktos, hayu urang buka ieu acara ku maoskeun basmallah sasarengan, Bismillahirrohmanirrohim.

Mudah-mudahan ieu acara aya dina karidoan Allah anu Maha Kawasa.

Salajengna masih keneh dibaca acara pembukaan, nyaeta ngaoskeun ayat Suci Al Quran. Mangga ka petugas dihaturanan.

Ngahaturkeun nuhun ka petugas anu parantos maoskeun ayat-ayat suci Al Quran. Mugi-mugi ayat Al Quran anu dibaca dina awal acara ieu tiasa janten pahala kanggo urang sadayana.

Acara anu salajengna, nyaeta sambutan-sambutan.

Sambutan anu kahiji baka didugikeun ku ketua panitia, anu kadua, ku bapak Lurah sareng bapak Kepala Desa.

Ngahaturkeun nuhun, ka bapa … anu parantos ngadugikeun sambutan dina acara ieu.

Salajengna, urang dugi kana acara inti, nyaeta Tabligh akbar anu bade di dugikeun ku Ustadz (…).

Baca Juga: Kumpulan Kosa Kata Bahasa Sunda yang Sering Digunakan dalam Percakapan Sehari hari, Mudah diucapkan

Hayu urang sami-sami siapkeun hate, pikiran sareng perhatian urang sadayana, supaya elmu anu didugikeun tiasa dugi ka urang sadayana.

Mangga ka al mukarom Ustadz (...) dihaturanan.

Jazakallahu khairan katsira. Ka Pak Ustadz anu parantos ngadugikeun tausiyah dina ieu acara.

Acara anu salajengna nyaeta doa, mangga ka petugas kanggo mimpin doa dihaturanan.

Acara anu terakhir nyaeta panutup, hayu urang sami-sami tutup ie acara ku maoskeun hamdalah sasarengan, Alhamdulillahirabbil ‘alamin.

Bapak, Ibu sareng hadirin sadaya.

Alhamdulillah sadaya acara parantos rengse, kukituna Simkuring salaku MC atanapi pangjajap acara nyuhunkeun dihapunten tina sagala kalepatan, bilih aya bahasa anu kirang merenah dina manah Bapak, Ibu sareng saderek sadayana.

Wabillahi taufiq wal hidayah,
Wassalamualaikum Wr. Wb.

2. Mandu acara Bahasa Sunda

Assalamua’laikum  Warohmatullohi  Wabarokatuh

Allhamdulillahirobbila’lamin wabihi nastai’nu a’la umuridun ya waddin wasolatu wasolamu a’la asrofil ambiya iwal mursalin waa’la alihi wasoh bihi ajmain amabadu.

Baca Juga: Inilah Arti Kata Lungguh dalam Bahasa Sunda, Ternyata Banyak Macamnya

Anu ku pribados dipihormat Almukarom ti Pondok Pasantren…………………………… Bapa………………………… ti …………………………..., Bapa Kepala Desa Ciketak sinareng perangkatna,Bapa Kesra, Bapa Ulis, Ketua DKM sareng perangkatna, Tokoh Agama, Alim Ulama, para sesepuh, pamuda pamudi oge para Bapa Ibu hadirin anu sami dipihormat.

 

Langkung ti payun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka Allah SWT, anu mana kalayan rahmat sareng karuniana urang sadaya tiasa kumpul mungpulung paamprok jongkok patepang raray dina raraga “Mieling di babarkeunana kanjeng Nabi Muhammad SAW”, Dina kaayaan sehat walafiat.

Solawat miwah salam mugia salamina ngalimpah ruah ka junjunan urang sadayaHabibana Wanabiyana Muhammad SAW”, ka para kulawargina, ka para Sahabatna, ka para tabiin tabiatna oge teu ka kantun ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat sareng tumut kana ajarana. Amin ya Allah Yarobbal a’lamin.

Hadirin sadaya anu sami dipihormat. Hapunten sateuacana pribados nuhunkeun widi, salaku pangjajap acara atanapi panganteur carita. Bade maoskeun sababaraha mata acara anu baris di pidangekun dina wengi ieu. Acara anu ka hiji nyaeta

-          Bibika, anu kadua

-          Laporan ti atas nami panitia, anu katilu

-          sambutan ti atas nami ketua DKM Desa Ciketak, anu ka opat

-          Gerentes manah ti atas nami aparatur pamarentahan Desa, anu ka lima

-          Pangumuman perlombaan para juara, anu ka genep

-          Acara inti “Uraian Hikmah”, anu pamungkas

-          Do’a atanapi panutup

 Baca Juga: Mengenal Nama-Nama Hari dalam Bahasa Sunda, Tidak Jauh Berbeda Tapi Ada Perbedaan

Hadirin sadaya anu sami dipihormat, supados teu nyangkolong kana waktos mangga urang buka acara anu kahiji nyaeta bibika, kalayan sasarengan maos Basmallah, Bismillahirrohmanirrohim. Masih dina acara anu kahiji anu mana bade di eusi ku aosan kalam Ilahi, anu bade di aoskeun ku………......................... sareng saritilawah........................... Ka............................... disumanggakeun.

            Hatur nuhun ka...................................sareng saderek....................................... anu parantos maoskeun kalam ilahina pamudah-mudahan urang sadaya kenging rahmat ti mantenna.

Para Bapa Ibu hadirin anu sami linggih, rengse acara anu kahiji, mangga urang teraskeun kana acara anu kadua nyaeta laporan ti atas nami panitia, ka Saderek “Irwan Sukmanto” disumanggakeun. Hatur nuhun ka saderek Irwan Sukmanto anu parantos masihan laporana pamudah-mudahan urang sadaya kenging manfaatna, Amin!

Para Bapa Ibu hadirin anu sami linggih, rengse acara anu kadua mangga urang teraskeun kana acara anu katilu nyaeta sambutan ti atas nami Ketua DKM Desa Ciketak, ka Bapa Edi Jubaedi di sumanggakeun. Hatur nuhun ka Bapa anu parantos masihan sambutana pamudah-mudahan urang sadaya kenging mangfaatna, Amin!

Para Bapa Ibu hadirin anu sami linggih, rengse acara anu katilu mangga urang teraskeun kana acara anu ka opat nyaeta gerentes manah ti atas nami pamarentahan Desa, ka Bapa........................................................ di sumanggakeun, hatur nuhun ka Bapa...................................... anu parantos masihan gerentes manahna, pamudah-mudahan urang sadaya kenging mangfaatna. Amin!

Para Bapa Ibu hadirin anu sami berbahagia, rengse acara anu ka opat mangga urang teraskeun kana acara anu ka lima nyaeta pangumuman para  juara anu kenging dina perlombaan dina raraga mieling di babarkeunana junjunan urang sadaya habibana wanabiyana Muhammad SAW. Ka saderek.............................................. disumanggakeun. Hatur nuhun ka saderek.......................... anu parantos maoskeun sadaya para juara, pamudah-mudahan ngajantenkeun motivasi kangge putra sareng putri urang sadaya. Amin!

Para Bapa Ibu hadirin anu sami linggih, rengse acara anu ka lima mangga urang teraskeun kana acara anu ka genep nyaeta acara anu di antos antos kurang sadaya “Uraian Hikmah” ka Bapa Almukarom di sumanggakeun. Hatur nuhun ka Bapa Almukarom anu parantos masihan uraian hikmahna pamudah-mudahan urang sadaya kenging syafaat, ti mantenna, Amin! Ya Allah Ya Robbal a’lamin.

Hadirin sadaya anu sami berbahagia, rengse acara anu ka genep, mangga urang teraskeun kana acara anu pamungkas nyaeta do’a atanapi panutup, kangge nutup ieu acara mangga urang sasarengan maos Hamdalah.Allhamdulillahirobbila’lamin.

Baca Juga: 10+ Pantun Bahasa Sunda Lucu, Cocok untuk Sindiran Adu Pantun Hingga Tugas Bahasa Sunda

Para Bapa Ibu hadirin sadaya anu sami dipihormat. Allhamdulilah acara katut acara parantos ku urang sadaya dilaksanakeun, kalayan teu aya halang harungan naon-naon. Ka sadaya anu sami darongkap hatur nuhun pamudah-mudahan dina dongkapna hadirin sadaya ngahijikeun salah sahiji amal soleh kangge hadirin sadaya, Pribados salaku pangjajap acara nuhunkeun dihapunten tina samudaya kakiranganana, hatur nuhun tina sagala perhatosanana.

Akhirul kalam Wabillahitaufik Walhidayah Wassalamua’laikum Warohmatullahi Wabarokatuh.

3. Contoh Mandu acara Sunda

Hadirin anu kusimkuring dipikahormat, sateuacanna hayu urang panjatkeun puji sareng syukur ka gusti Allah SWT.

Anu atos maparinkeun rahmatna ka urang sadaya dugi ka tiasa kumpul ditempat ieu.

Henteu hilap, shalawat sarta salam urang curahkeun ka Nabi Muhammad SAW, kulawargana, sahabatna, sareng umatna nepi ka akhir zaman.

Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka pihak panitia anu parantos masihan waktos kanggo sasanggem dina acara peringatan hari kemerdekaan Republik Indonesia anu ka 77 ieu.

Bapa Kapala Sakola, miwah Bapa sareng Ibu Guru, Kitu deui sakumna rerencangan sakola sadaya anu ku simkuring dipikadeudeuh.

Dinten ieu, dina raraga paturay tineung Alhamdulillah, urang tiasa patepang dina rarangka meling patepang taun kamerdekaan nagara urang anu ka 77.

Peryogi ka uninga, seueur pisanpengorbanan anu tos di pasrahkeun ku para pejuang urang kapungkur dina melaan kamerdekaan nagara indonesia.

Baca Juga: Kumpulan Tatarucingan dalam Bahasa Sunda Lucu dan Gokil, Dijamin Ngakak 100 Persen

Ku kituna urang, salaku generasi muda penerus bangsa tos sakeudahna neruskeun perjuangan para pahlawan urang, ku jalan diajar anu giat ngawujudkeun cita-cita pikeun ngajadikeun kahirupan bangsa indonesia anu lewih hade ajang kahareupna.

Sajabina ti eta, seueur keneh hal-hal anu tiasa ku urang lakukeun dina rangka mengisi kemerdekaan ieu.

Sapertos, ngajauhan diri tina pangaruh narkoba, jauhan pergaulan bebas, ngahindarkeun tauran, sarta seeur anu sanesna.

Intina,urang sami-sami hayu babarengan ngeusian kamerdekaan iyeu ku hal-hal anu positif sarta mangfaat pikeun diri urang.

Rupina mung sakitu anu tiasa kapihatur ti sim kuring, Hapunten anu kasuhun, saupami dina biantara ieu aya pisanggem anu kirang merena.

 

Assalaamualaikum wr. Wb

Demikian contoh teks mandu acara bahasa sunda singkat dan bisa diconvert dalam PDF.***

Editor: Sauqi Romdani

Tags

Terkini

Terpopuler