LINK DOWNLOAD PDF! Khutbah Idul Fitri 2024 Bahasa Sunda: Hakekat Idul Fitri Pikeun Umat Muslim

- 10 April 2024, 00:50 WIB
Link download materi khutbah Idul Fitri 2024 PDF Bahasa Sunda dengan judul ‘Hakekat Idul Fitri Pikeun Umat Muslim’ singkat dan pendek
Link download materi khutbah Idul Fitri 2024 PDF Bahasa Sunda dengan judul ‘Hakekat Idul Fitri Pikeun Umat Muslim’ singkat dan pendek /freepik.com

Lajeng aya anu ngadawuh ka anjeunna, “Poé ieu poéan urang, énjing téh poéan pikeun urang, sarta unggal poé sadaya dintenan urang manakala urang teu maksiat ka Allah.”

اَللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ، وَلِلّٰهِ الحَمْدُ.

Urang gumbira dina lebaran Idul Fitri urang, nalika Idul Fitri ieu diwarnaan ku Simpati sareng kaasih; Sabab rukun Idul Fitri teh nyaeta rasa simpati, kaasih, kalembutan, ukhuwah sareng kadermawanan, ku kitu leres pisan dawuhan kanjeng Nabi Muhammad shallallahu ‘alaihi wasallam sakumaha anu diriwayatkeun ku sahabat al-Nu’man Ibnu Basyir, anjeunna nyarios yen Rasulullah shallallahu ‘alaihi wasallam ngadawuh,

مَثَلُ الْمُؤْمِنِينَ فِي تَوَادِّهِمْ، وَتَرَاحُمِهِمْ، وَتَعَاطُفِهِمْ مَثَلُ الْجَسَدِ إِذَا اشْتَكَى مِنْهُ عُضْوٌ تَدَاعَى لَهُ سَائِرُ الْجَسَدِ بِالسَّهَرِ وَالْحُمَّى

“Perumpamaan jalma mukmin dina kacinta, kaasih jeung gotong royong di antawisna ibarat hiji awak. Lamun hiji bagian awak ngeluh (ku kanyeri), maka sakabeh awak ngeluh teu bisa sare jeung ngarasa muriang.” (Muttafaq ‘Alaih)

Urang sadaya bungah dina mayunan idul fitri, nalika Idul Fitri ku urang diisi ku silaturahmi sareng baraya, oge ku ngiket tali silaturahmi, sabab silaturahmi mangrupikeun wujud kasampurnaan iman hiji jalmi, ngalegaan rejeki sareng manjangkeun yuswa.

Urang sadaya kawilang bungahna dina ieu lebaran, lamun urang geus ngalereskeun perbedaan-perbedaan anu keur dihadapi ku urang, sarta ieu poé lebaran teh mangrupakeun kasempetan pikeun urang ngalereskeun perbédaan ieu.

Baca Juga: 20 Ucapan Idul Fitri 2024 Islami Mohon Maaf Lahir Batin, Cocok untuk Story WA dan Buat Pacar Tercinta

Ku kituna ma’asyiral Muslimin, hayu urang tingkatkeun hubungan urang jeung Allah ku tobat nashuha, kalawan sampurna kataatan, jeung ngadeukeutan ka Anjeunna kalawan ibadah jeung amal soleh, sarta ngalereskeun naon antara urang jeung jalma nu deukeut, oge ngajembarkeun panghampura, atawa ngalaksanakeun naon anu henteu acan dilakukeun, sareng ngarukunkeun antara jalma-jalma mukmin anu keur pasalisihan,

Sakumaha pidawuh Allah subhanahu wata’ala,

Halaman:

Editor: Sauqi Romdani


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah