MATERI KHUTBAH Idul Fitri 2023 Bahasa Sunda PDF, Menggunakan Bahasa Lokal dan Halus

- 21 April 2023, 21:00 WIB
Materi khutbah Idul Fitri 2023 Bahasa Sunda PDF dengan menggunakan bahasa lokal dan halus yang mudah dipahami oleh masyarakat
Materi khutbah Idul Fitri 2023 Bahasa Sunda PDF dengan menggunakan bahasa lokal dan halus yang mudah dipahami oleh masyarakat /pexels.com

Ibadah Puasa bisa ditingali tina opat jihat nyaeta Aqidah, fiqih, etika jeung falsafah.

Kahiji, Tina segi agidah urang wajib nekadkeun yen puasa teh bagian tina rukun Islam anu lima kalawan didadasaran ku dawuhan Allah anu nyata jelas tur tandes dina al-quran al-karim.

Saha wae jalma anu ingkar kana wajibna puasa ramadlon berarti murtad, hartosna eta jalma tos kaluar tina Islam, pon nyakitu keneh anu teu puasa di bulan Ramadlon kalawan ingkar kana wajibna puasa maka dihukuman murtad , nu kitu lain wae wajib qadlo tapi wajib disyahadatkeun deui, lamun henteu syahadat deui eta jalma dihukuman kafir.

Baca Juga: Dapatkan Do'a Ziarah Kubur Di Hari Idul Fitri Lengkap Dengan Arinya

إِنَّ الَّذِينَ كَفَرُوا وَمَاتُوا وَهُمْ كُفَّارٌ أُولَٰئِكَ عَلَيْهِمْ لَعْنَةُ اللَّهِ وَالْمَلَائِكَةِ وَالنَّاسِ أَجْمَعِينَ خَالِدِينَ فِيهَا ۖ لَا يُخَفَّفُ عَنْهُمُ الْعَذَابُ وَلَا هُمْ يُنْظَرُونَ

Hartosna, ”saestuna ari jalma anu kafir tur maot dina kaayaan kafir maka eta jalma-jalma teh bakal meunang la’nat Allah, malaikat jeung sakabeh manusa, maranehna abadi di Naraka tur moal meunang karinganan sarta moal ditingali- tingali acan” ( Qs. Al-Baqoroh: 161-162)

Ancaman dina ayat ieu diantarana ditunjukeun pikeun jalma anu ingkar kana wajibna puasa, kalawan ancamannana naraka salalawasna.

Sedengkeun keur jalma anu henteu puasa tanpa uzur bari nekadkeun kana wajibna puasa, maka dihukuman jalma durhaka, kalawan wajib thobatna jeung ngodoan dina bulan sejenna.

Kadua, dina segi fiqh, puasa kudu dilaksanakeun kalayan akur jeng katantuan hukum diantarana rukun puasa kudu niyat di waktu peuting jeung ngajaga tina sagala rupa anu matak ngabatalkeun dina waktu beurangna.

Sedengkeun sahna puasa kudu beragama Islam, mumayyiz (hartina bisa ngabedakeun antara hade jeng goreng), terus puasa teh kudu suci tina darah hed jeng nifas. Puasa mung wajib keur jalma anu berakal, baligh jeung mampu ngalaksanakeunnana. Sedengkeun keur jalma anu henteu kuat saperti anu gering jeung musafir henteu wajib puasana, tapi wajib qado di bulan sejenna.

Halaman:

Editor: Sauqi Romdani


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah