CONTOH Khutbah Idul Fitri 2023 Bahasa Sunda PDF, Materi Penyampaian Lengkap dan Mudah Dipahami

- 21 April 2023, 17:00 WIB
Contoh khutbah Idul Fitri 2023 PDF Bahasa Sunda yang mudah dipahami oleh kalangan masyarakat sudah tua secara lengkap dan terbaru
Contoh khutbah Idul Fitri 2023 PDF Bahasa Sunda yang mudah dipahami oleh kalangan masyarakat sudah tua secara lengkap dan terbaru /Tangkap Layar

SUMENEP NEWS - Inilah contoh khutbah Idul Fitri 2023 PDF Bahasa Sunda yang mudah dipahami oleh kalangan masyarakat sudah tua.

Dapatkan teks bacaan khutbah Idul Fitri 2023 PDF Bahasa Sunda secara lengkap dan terbaru kali ini bagi umat muslim.

Materi khutbah Idul Fitri 2023 PDF Bahasa Sunda ini berkaitan dengan menumbuhkan empati dan semangat berbagi di hari yang fitri.

Baca Juga: DOWNLOAD Video Ucapan Selamat Hari Raya Idul Fitri 2023 Mohon Maaf Lahir dan Batin

Bisa diconvert dalam PDF teks bacaan khutbah Idul Fitri 2023 Bahasa Sunda yang mengandung bahasa daerah yang sopan.

Para khotib dapat membaca dan memahami isi materi khutbah Idul Fitri 2023 Bahasa Sunda kali ini.

Dirangkum dari berbagai sumber, berikut ini contoh dan teks khutbah Idul Fitri 2023 Bahasa Sunda secara lengkap dan halus.

Baca Juga: 30 Kata Kata Ucapan Selamat Hari Raya Idul Fitri 2023 Paling Romantis untuk Kekasih dan Pacar

khutbah Idul Fitri 2023 Bahasa Sunda

Khutbah I

الله أكبر، الله أكبر، الله أكبر، الله أكبر، الله أكبر، الله أكبر،الله أكبر، الله أكبر، الله أكبر الله أَكْبَر كَبِيْرًا وَالْحَمْدُ لِلّهِ كَثِيْرًا وَسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةً وَأَصِيْلًا. لَا إِلَهَ إِلّا اللهُ وَلَا نَعْبُدُ إِلّا إِيّاهُ مُخْلِصِيْنَ لَهُ الدِّيْن وَلَوْ كَرِهَ الْمُشْرِكُوْن. لَا إِلَهَ إِلّا اللهُ وَحْدَهُ صَدَقَ وَعْدَهُ وَنَصَرَ عَبْدَهُ وَأَعَزّ جُنْدَهُ وَهَزَمَ الْأَحْزَابَ وَحْدَهُ، لَا إِلَهَ إِلّا اللهُ وَاللهُ أَكْبَرُ اللهُ أَكْبَرُ وَلِلّهِ الْحَمْد الحمد لله الذي فرض الصيام على عِباده المؤمنين وَ جَعَلَهَا رُكْناً مِن أَرْكَان الإسْلام لِجَميعِ المسلمين وأمرنا بالمحافظة عليها في كتابه المبين. أشهد أن لا اله الا الله الملك الحق المببن وأشهد أن سيدنا محمدا عبده ورسوله الصادِقُ الوَعْدِ الأمين وصلى الله على سيّدِنا محمد وعلى اله وأصحابه والتابعين إلى يوم الدين اما بعد فيا عباد الله أوصيكم واياي بتقوى الله لعلكم ترحمون قال تعالى في كتابه الكريم أعوذ بالله من الشيطان الرجيم بسم الله الرحمن الرحيم يا ايها الذين امنوا اتقوا الله حقَّ تُقاتِه ولا تموتُنَّ إلّا وأنتم مُسْلِمُون

Allahu Akbar 3x

Sagala puji kagungan gusti anu maha suci shalawat salam mugi salamina disanggakeun ka kangjeng Nabi Muhammad SAW katut kulawarga shahabat sareng ka sadaya umatna anu mutaba'ah ka anjeuna tug dugi ka yaumil kiyamah.

Sajagad raya umat Islam di dunia dinten ieu nuju ngarasa bungah bahagia kulantaran tos beres ngalaksakeun dua kawajiban nyaeta ibadah puasa sareng zakat fitrah.

لِلصَّائِمِ فَرْحتَانِ فَرْحَةٌ عِندَ إفْطَارِهِ وَفَرْحَةٌ عِنْدَ لِقاَءِ ربّهِ

Baca Juga: Contoh Undangan Halal Bi Halal Idul Fitri 2023 Lewat WhatsApp (WA), Singkat dan Praktis

Saur pidawuh Rasulullah SAW, “Pikeun nu puasa aya dua kabungah nyaeta nalika buka sareng naliku tepung jeung Allah jaga di akherat”.

Ayeuna umat Islam kudu ngarasa bungah sabab urang tos berhasil ngalakonan puasa dina sabulan lilana, pamugi wae puasa urang jeng sagala ibadahna ditarima ku Allah SWT.

Ibadah Puasa bisa ditingali tina opat jihat nyaeta Aqidah, fiqih, etika jeung falsafah.

Kahiji, Tina segi agidah urang wajib nekadkeun yen puasa teh bagian tina rukun Islam anu lima kalawan didadasaran ku dawuhan Allah anu nyata jelas tur tandes dina al-quran al-karim.

Saha wae jalma anu ingkar kana wajibna puasa ramadlon berarti murtad, hartosna eta jalma tos kaluar tina Islam, pon nyakitu keneh anu teu puasa di bulan Ramadlon kalawan ingkar kana wajibna puasa maka dihukuman murtad , nu kitu lain wae wajib qadlo tapi wajib disyahadatkeun deui, lamun henteu syahadat deui eta jalma dihukuman kafir.

إِنَّ الَّذِينَ كَفَرُوا وَمَاتُوا وَهُمْ كُفَّارٌ أُولَٰئِكَ عَلَيْهِمْ لَعْنَةُ اللَّهِ وَالْمَلَائِكَةِ وَالنَّاسِ أَجْمَعِينَ خَالِدِينَ فِيهَا ۖ لَا يُخَفَّفُ عَنْهُمُ الْعَذَابُ وَلَا هُمْ يُنْظَرُونَ

Hartosna, ”saestuna ari jalma anu kafir tur maot dina kaayaan kafir maka eta jalma-jalma teh bakal meunang la’nat Allah, malaikat jeung sakabeh manusa, maranehna abadi di Naraka tur moal meunang karinganan sarta moal ditingali- tingali acan” ( Qs. Al-Baqoroh: 161-162)

Ancaman dina ayat ieu diantarana ditunjukeun pikeun jalma anu ingkar kana wajibna puasa, kalawan ancamannana naraka salalawasna.Sedengkeun keur jalma anu henteu puasa tanpa uzur bari nekadkeun kana wajibna puasa, maka dihukuman jalma durhaka, kalawan wajib thobatna jeung ngodoan dina bulan sejenna.

Baca Juga: 5 Makanan Khas Tegal Bisa Bawa Saat Mudik Lebaran Idul Fitri 2023 Paling Enak Dimakan Bersama Keluarga

Kadua, dina segi fiqh, puasa kudu dilaksanakeun kalayan akur jeng katantuan hukum diantarana rukun puasa kudu niyat di waktu peuting jeung ngajaga tina sagala rupa anu matak ngabatalkeun dina waktu beurangna. Sedengkeun sahna puasa kudu beragama Islam, mumayyiz (hartina bisa ngabedakeun antara hade jeng goreng), terus puasa teh kudu suci tina darah hed jeng nifas. Puasa mung wajib keur jalma anu berakal, baligh jeung mampu ngalaksanakeunnana.

Sedengkeun keur jalma anu henteu kuat saperti anu gering jeung musafir henteu wajib puasana, tapi wajib qado di bulan sejenna.

Katilu, masalah etika dina puasa mangrupakeun pokok pergaulan sapopoe, mun jalma boga etika pasti bakal dihargaan, tapi ulah miharep jalma ngahargaan lamun urang hente pernah ngahargaan ka batur.

Etika anu puasa atawa anu henteu puasa pada- pada wajib silih ajenan. Keur anu henteu puasa etikana kudu nutupan yen dirina henteu puasa, ulah sembarangan cuam caem balangdahar di mana wae.

Masalah puasa eta urusan pribadi, rek puasa heug henteu oge heug, ngan kahayang teh kudu boga kaera mun bulan puasa balang dahar sembarangan, paling saeutik kudu era ku jelema lamun teu era ku gusti Allah.

Mun teu boga kaera ku jalma berarti eta nandakeun yen dina dirina henteu boga iman.Saperti pada umum jalma anu beda agama, malah sopan keneh jalma non muslim sok ngahargaan sanajan manehna teu puasa.

Sedengkeun keur jalma anu puasa kanu henteu puasa etikana kudu ngelingan, kucara mere nasehat atawa ngawurukan sangkan urang ngajaga balang dahar sanajan henteu puasa. Sabab penting kacida urang ngajaga tina penilaian negatif batur terhadap diri urang, sahingga ulah dianggap ku batur yen urang tara puasa tara shalat tara ibadah, kajaba mun urang geus bener-bener henteu ngaku kana agama Islam. Dina agama Islam aya wacana mun berbuat maksiat bari nyumput eta masih aya kahadean keneh.

tapi lamun nyieun kagorengan bari terang terangan nandakeun geus ruksak imanna. Saur Kangjeng Nabi yen era teh bagian tina iman

Baca Juga: Tips Meningkatkan Kolesterol Baik Setelah Lebaran Idul Fitri 2023 Menurt dr Saddam Ismail

الحَيَاءُ مِنَ اْلإِيْمَانِ

Hartina lamun jalma teu biga kaera dina waktu berbuat maksiat berarti eta jalma geus kurang imanna.

Kaopatna, ari puasa ditingali tina segi falsafah nyaeta terwujudna perobahah sikap mental, moral, spiritual, emosional jeng sosial. Mental jalma anu puasa kudu tahan uji kudu siap menghadapi sagala rintangan jeung tantangan, kudu sabar, ulah cengeng ulah epes meer ulah teu kaopan, ulah ngarasa lemah ulah ngarasa minder.

Saterusna jalma anu puasa sacara sosisial kudu hade jeung balarea, kudu ngajaga hubungan jeung dulur, kudu akur jeng batur sakasur, batur sadapur jeung batur salembur.

Utamana daek silaturahmi, gede hampura, jembar manah sarta ulah saruana mun aya jalma nu goreng adatna. Kahadean anu paling gede ganjaranana di bulan romadlon nyaeta nulung kanu butuh nalang kanu susah, sanajan ngan ku carita atawa bahasa.

Baca Juga: Contoh Undangan Halal Bi Halal Idul Fitri2023 untuk Teman, Alumni Sekolah dan Acara Kantor

Khutbah II

اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ اِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهّ أَمَرَكُمْ بِاَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآ ئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍوَعُمَروَعُثْمَان وَعَلِى وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَىيَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآءُ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَالدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمَ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَاوَاِنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ. عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا بِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوااللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

***

Editor: Sauqi Romdani


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah