Teks Khutbah Jumat tentang Nisfu Syaban Bahasa Sunda untuk Para Khotib di Tatanan Jawa

23 Februari 2024, 06:40 WIB
Naskah materi Khutbah Jumat tentang Nisfu Syaban lengkap amalan dan keutamaan dalam bahasa Sunda untuk khotib di Jawa Barat /Manprit Kalsi/Pexels

SUMENEP NEWS - Teks khutbah Jumat tentang Nisfu Syaban 23 Februari 2024 dalam Bahasa Sunda untuk para Khotib di daerah Jawa Barat dan Sekitarnya.

Dapatkan teks Khutbah Jumat tentang Nisfu Syaban berikut ini menggunakan Bahasa Sunda yang nantinya menjadi bahan materi untuk para khotib di Indonesia.

Adapun isi teks Khutbah Jumat tentang Nisfu Syaban berikut ini menggunakan Bahasa Sunda untuk Khotib secara lengkap.

Baca Juga: 20 Ucapan Malam Nifsu Syaban 2024 dalam Bahasa Sunda Menggugah Hati dan Menginspirasi

Malam Nisfu Syaban adalah malam pertengahan bulan Syaban dalam kalender Hijriyah, yang jatuh pada tanggal 15 bulan Syaban.

Malam ini memiliki beberapa keutamaan bagi umat Islam, sehingga menjadi malam yang istimewa untuk beribadah dan memohon ampunan kepada Allah SWT.

Dikutip melalui laman pcnucilacap.com, berikut teks khutbah jumat dalam Bahasa Sunda.

Baca Juga: Naskah Materi Khutbah Jumat Malam Nisfu Syaban Bahasa Jawa 23 Februari 2024 Lengkap Amalan dan Keutamaan

Khutbah I

Kautamaan Sasih Sya’ban

اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِى نَوَّرَ قُلُوْبَ الْمُؤْمِنِيْنَ بِنُوْرِ الْهِدَايَةِ وَالْيَقِيْنِ. اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلهَ اِلاَّ اللهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْنُ, وَاًشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَادِقُ الْوَعْدِ اْلاَمِيْنُ. اَللّهُمَّ فَصَلِّى وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِ اْلاَنْبِيَاءِ وَالْمُرْسَلِيْنَ, وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ.فَيَااَيُّهَاالنَّاسُ اِتَّقُوا االلهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. اَعُوْذُ بِااللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ, بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ, قُلۡ إِن كُنتُمۡ تُحِبُّونَ ٱللَّهَ فَٱتَّبِعُونِي يُحۡبِبۡكُمُ ٱللَّهُ وَيَغۡفِرۡ لَكُمۡ ذُنُوبَكُمۡۚ وَٱللَّهُ غَفُورٞ رَّحِيمٞ .

Hadirin Jamaah Jum’ah Rohimakumullah.

Alhamdulillah dina dinten Jum’at iyeu urang tos lebet kana sasih Sya’ban. Bulan anu diapit ku dua bulan anu ngagaduhan kaistimewaan sareng kautamaan. Nyaeta Rojab sareng Romadlon.

Dina sasih ieu aya kajantenan anu kalintang pentingna diperhatoskeun kuurang nyaeta:
Bakal disanggakeun amalna sakabeh manusa ka Allah SWT.

 

Teras dina pertengahan sasih Sya’ban ieu anu kamashur nyaeta Nisfu Sya’ban (pertengahan sasih sya’ban), pakait sareng nisfu sya’ban kangjeng Rosul oge ngadawuh dina salah sawios hadits shohih:

إِنَّ اللهَ لَيَطَّلِعُ فِي لَيْلَةِ النِّصْفِ مِنْ شَعْبَانَ، فَيَغْفِرُ لِجَمِيعِ خَلْقِهِ إِلاَّ لِمُشْرِكٍ أَوْ مُشَاحِنٍ.

Hartosna: “Saenyana Allah bakal mariksa dina satiap peuting nishfu Sa’ban. teras mantena ngahampura kasakabeh makhluk-Na, kecuali jalma anu musyrik atawa anu teu akur jeung barayana.”

Hadirin Jamaah Jum’ah Rahimakumullah

Teras amal naon anu dipidamel ku kangjeng Rosul SAW, dina sasih sya’ban ieu?… Margi kalintang peryogina kanggo urang sadaya anu hoyong kenging panghampura sareng rohmat ti Allah SWT. Utamina dina sasih sya’ban ieu, urang kedah tumut ka mantena dina sunahna atanapi ibadahna. Pidawuh Alloh dina surat Al-Imron ayat 31:

Baca Juga: Materi Khutbah Jumat Malam Nisfu Syaban Bahasa Jawa 23 Februari 2024 Lengkap Keutamaan dan Amalan

قُلۡ إِن كُنتُمۡ تُحِبُّونَ ٱللَّهَ فَٱتَّبِعُونِي يُحۡبِبۡكُمُ ٱللَّهُ وَيَغۡفِرۡ لَكُمۡ ذُنُوبَكُمۡۚ وَٱللَّهُ غَفُورٞ رَّحِيمٞ

Hartosna: “Pok caritakeun Muhammad: “Lamun aranjeun micinta Alloh, prak geura tuturkeun kaula, maka Alloh bakal micinta aranjeun, jeung Alloh maha jembar pangampura, oge anu maha welas asih.” (QS. Ali Imran : 31)

Diantawisna amalan kangjeng Rosul SAW, dina sasih sya’ban nyaeta:
Kahiji, Mantenna seueur saom sunat. Pidawuhna anu di riwayatkeun ku Anas bin Malik:

حَدَّثَنِي أُسَامَةُ بْنُ زَيْدٍ قَالَ قُلْتُ يَا رَسُولَ اللهِ لَمْ أَرَكَ تَصُومُ شَهْرًا مِنَ الشُّهُورِ مَا تَصُومُ مِنْ شَعْبَانَ قَالَ ذَالِكَ شَهْرٌ يَغْفُلُ النَّاسُ عَنْهُ بَيْنَ رَجَبَ وَرَمَضَانَ وَهُوَ شَهْرٌ تُرْفَعُ فِيهِ اْلاَعْمَالُ إِلَى رَبِّ الْعَالَمِينَ فَأُحِبُّ أَنْ يُرْفَعَ عَمَلِي وَأَنَا صَائِمُ .

 

Hartosna: “Usamah bin Zaid nyarios ka Rasulullah, “Ya Rosulalloh, kami teu pernah ningali anjeun saom dina sasasih lamina tina pirang-pirang sasih nyaeta saom tina sasih sya’ban.” Rasulullah ngawaler, “ieu sasih anu dipopohokeun ku lolobana manungsa, nyaeta antara bulan Rajab jeung Ramadhon. Dina sasih ieu diangkat amal kahadean manusa ka Pangeran ieu alam. Kusabab kitu kami hayang saat amal kami diangkat ka Alloh, kami keur puasa.” (HR. An-Nasa’i).

Hadirin Sami Minulyaken Allah..

Tina katerangan hadits nembe, tiasa kauninga ku urang sadayana, yen puasa sunah dina sasih Sya’ban teh kalintang saena, kumargi dina waktosna tutup buku amal-amal urang dina salami sataun, urang aya dina kaayan keur ibadah puasa.

Seueur ulama anu ngajelaskeun yen Puasa Sunah dina bulan Sya’ban teh ngabogaan kaistimewaan khusus, sakaligus persiapan keur nyanghareupan puasa Romadhon. Teras dina bulan Sya’ban eta sakabeh amal perbuatan manungsa di sanggakeun ka Allah SWT.

Kumargi kitu, kangjeng Rosul seueur saom sunat saparantos romadhon nyaeta dina sasih sya’ban, tujuan mantena teu aya sanes nyaeta, nalika amalna diangkat ka Allah SWT. Mantena nuju dina kaayaan saom.
Kadua, Mantena dina wengina seu-eur midamel shalat sunat, malih hadits anu kamashur mah kanjeng Rosul sampeanana dugi barareh, kumargi lami shalatna dina wengian sasih sya’ban.

Katiluna, nyeueurkeun midamel amal sholeh anu sanesna sapertos Dzikir, maos qur’an, infaq, shadaqah sareng silaturrahim.

Baca Juga: Keistimewaan Berpuasa di Bulan Nisfu Syaban 2024 : Mendapat Cinta dan Syafaat Nabi Muhammad SAW

Hadirin Ahli Jum’ah Anu Mulya..

Syeh Ibnu Taimiyah nandeskeun: perkawis “Weungi Nisfu Sya’ban, dina Nisfu sa’ban teh aya kautamian kanggo urang sadaya.” Malih sabagian ulama salaf tigolongan tabi’in di nagari Syam, sapertos Khalid bin Ma’dan sareng Luqman bin Amir, aranjeuna ngahirupkeun wengi nisfu sa’ban ku karempel di masjid-masjid kanggo ngalaksanakeun ibadah-ibadah sunat. Nya ti aranjeuna diantawisna kaum muslimin ngalaksanakeun kabiasaan dina nisfu sya’ban. Teras Imam Ishaq Ibnu Rahawah nandeskeun, “ieu teh sanes bid’ah!”.

Mugi perbentenan pendapat perkawis Nishfu Sya’ban ieu dimaknaan kalayan sasae-saena supados teu dugi ka kajantenan perpecahan umat sahingga teu janten ngahalangan urang sadaya kana midamel amal ibadah dina sasih sya’ban ieu.


بَارَكَ اللهُ لِى وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَالْغَفُوْرُالرَّحِيْمُ

Khutbah II
Hak Muslim Jeung Sasama Muslim

اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ اَمَرَنَا اَنْ يًّوْصَلَ اْلاَرْحَامِ، اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلَهَ اِلاَّ اللهُ ذُو اْلجَلاَلِ وَاْلاِكْرَامِ . وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَاحِبُ اْلاَزْكِيَاءِ وَاْلكِرَامِ، اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ اُوْلِى اْلفَضْلِ وِاْلاِنْعَامِ . اَمَّابَعْدُ: فَيَااَيًّهَاالنَّاسُ اِتَّقُوا االلهَ َفِى الثرِّ وَالعَلَانِ، اَعُوْذُ بَاللهِ مِنَ الثَّيْطَانِ الرَّجِيْم : اِنَّمَـااْلمُؤْمِنُـوْنَ اِخْـوَةٌفَـأَصْلِحُوْبَيْـنَ اَخَـوَيْكُمْجوَاتَّقُـوااللهَ َلَعَلَّكُـمْ تُرْحَـمُوْنَ .

Hadirin Sidang Jum’ah Rahimakumullah !

Sumangga urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sarta kataqwaan ka Allah SWT. Margi mung ku iman jeung taqwa urang sadaya baris ngahontal kana kabagjaan hirup di dunya oge akherat. Salah sahijina cara pikeun ngaronjatkeun iman jeung taqwa ka Allah SWT. Nyaeta ku ngalakonan hak atanapi kawajiban salaku muslim jeung sasama muslim, hal ieu luyu sareng dawuhan kangjeng Rasul SAW :

حَقُّ الْمُسْلِمُ عَلَى الْمُسْلِمِ سِتٌّ اِذَالَقَيْتَةُ فَسَلِّمْ عَلَيْهِ وَاِذَادَعَاكَ فَاَجِبْـهُ وَاِذَاسْتَنْصَمَكَ فَاَنْصَحْهُ وَاِذَاعَطَسُ فَحَمِدَاللهَ فَثَمِتْهُ وَاِذَامَرِضَ فَعُدْهُ فَاِذَامَاتَ فَاَتْبِعُهُ ( رَوَاهُ مُسْلِمْ )

Hartosna: “Hak muslim ka sasama muslim aya genep nyaeta; di mana patepangan ngucapkeun salam, kadua di mana-mana diondang kudu nyumponan kana pangondangna, katilu di mana disuhunkeun nasehat kudu nganasehatan, kaopat di mana-mana beresin ngucapkeun hamdalah, kalima di mana-mana gering kudu ngalayad, kagenep di mana-mana maot kudu nguruskeun mayit dugi ka dikuburna.” (HR. Muslim)

Hadirin Ahli Jum’ah Rahimakumullah !

Salianti dawuhan Rasulullah SAW anu nembe kasebat, Allah SWT parantos ngajelaskeun dina Al-Qur’an surat Al-Hujurot aat 10:

اِنَّمَـاالْمُؤْمِنُـوْنَ اِخْـوَةٌ فَـأَصْلِحُوْبَيْـنَ اَخَـوَيْكُمْج وَاتَّقُـواالله َلَعَلَّكُـمْ تُرْحَـمُوْنَ

Hartosna: “Saestuna satiap jalma mu’min teh dulur, mangka aranjeun kudu silih islahkeun di antara dulur aranjeun, jeung aranjeun kudu taqwa ka Gusti Alloh sangkan aranjeun meunang rohmat Alloh.” ( QS. Al-Hujurot : 10 )

Dumasar kana dawuhan Allah SWT sarta hadits Rasulullah SAW nembe, maka urang sadaya salaku umat Islam jeung salaku mu’min teu bisa mungkir kana kawajiban atanapi hak anu kudu dilakonan satiap jalma anu sa-Iman jeung sa-Agama dina hartos Mu’min atanapi Muslim.

Hadirin Ahli Jum’ah Rahimakullah !

Upami ku urang diemutan ternyata ajaran Islam teh kacida merhatikeun kahirupan umatna kanggo nanjeurkeun karukunan, katentraman, sarta kamaslahatan hirup anu ngawengku kana kahirupan keluarga, tatangga, masyarakat, negara bahkan sa-alam dunya anu ngarana muslim mah tetep dulur.

Insya Alloh, upami urang sadaya parantos tiasa ngalaksanakeun pidawuh Rosulluloh SAW anu genep perkara tadi kasebat, tinangtu urang sadaya baris kalebetkeun umat Islam anu sajati, anu baris kenging kabarokahan hirup di dunya oge kabagjaan diakherat jaga.
Langkung jelasna hikmah atanapi kamangfaatan tinu genep rupi upami ku urang diwincik deui diantawisna nyaeta:

Kahiji, upami urang patepang jeung papada muslim maka kedah ngucapkeun salam, pan eta teh ngandung harti silih du’akeun dina kasalametan hirup, sarta kenging pahala sunat pikeun nu ngucapkeunnana, jeung baris meunang pahala wajib kanggo jalmi nu ngawalerna.

Kadua, upami urang kenging pangundang teras nyumponan kana pangundangna, hikmahna teh pan baris nimbulkeun rasa duduluran anu kacida raketna sarta manjangkeun tali silaturrahmi anu ahirna baris kenging kabarokahan rizqi.

Katilu, upami urang disuhunkeun nasehat teras nganesahatan, memang eta kedahna luyu sareng dawuhan Allah swt.

وَتَوَاصَوْبَالحَقِّ وَتَوَاصَوْبِاالصَّبْرِ

“Jeung kudu silih wasiatan dina jalan hak sarta silih wasiatan dina kasabaran.”

Kaopat, upami beresin kedah ngucapkeun “Alhamdulillah” maka kanggo jalmi anu ngadanguna kedah ngucapkeun “Yarhamukalloh” hal ieu teh mangrupakeun hiji tanda yen beresin teh kanikmatan ti Gusti Alloh, nepi kajalma anu bersinna kudu muji ka Alloh tawis syukuran kana eta kanikmatan. Teras jalmi anu ngadangu “Yarhamukalloh” (mugi Alloh maparinan rohmat ka anjeun). Anu saterasna jalma anu beresinna ngucapkeun deui dua “yahdikumulloh” (muga Alloh maparing hidayah ka anjeun)

Kalima, upami aya jalmi anu teu damang maka pikeun jalma nu sehat kudu ngalayad. Hal ieu teh ngarupakeun hiji tanda yen antara sasama muslim kudu ngabogaan sifat ngaji rasa dina hartos yen urang sadaya upami aya jalmi anu teu damang rek tatangga atawa baraya, jauh atawa deukeut urang kedah ngiring ngaraoskeun ku cara ngalayad atawa ngadu’akeun supaya nu teu damang dipaparin katabahan sarta kasabaran sareng mugi-mugi Gusti Allah SWT ngadamangkeun deui.

Kagenep, upami aya jalmi maot bari jeung muslim maka kawajiban pikeun nu hirup kudu ngurusanan eta mayit, tikawit dimandian, di bungkus, dishalatkeun dugi ka dikuburkeunana. Hal ieu teh hiji tanda yen satiap muslim kudu boga rasa saling pikanyaah, pikadeudeuh lain keur hirup wungkul tapi nepi ka maotna.

Hadirin Rahimakumullah !

Mudah-mudahan naon rupa hal anu dianjurkeun ku Rosulluloh SAW, sapertos anu genep rupi tadi tiasa ku urang sadaya dilaksanakeun. Sahingga urang sadaya kenging kabagjaan hirup di dunya sareng akhirat. Amin.

بَارَكَ اللهُ لِى وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَالْغَفُوْرُالرَّحِيْمُ

Demikian Khutbah Jumat Nisfu Syaban dalam Bahasa Sunda. Semoga bermanfaat.***

Editor: Sauqi Romdani

Tags

Terkini

Terpopuler